483 95 4MB
Sundanese Pages [93] Year 2014
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014
Pamekar Diajar Pamekar Diajar
BASA SUNDA
BASA SUNDA
Buku Buk B u Tu Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Buku Tuturus Guru ru SD/ SD/MI Kelas elas III KURIKULUM 2013
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN Jl. Dr. Rajiman No. 6 Telp. (022) 4264813 Fax: (022) 4264881 - Bandung Email: bpbdk_jabar@yahoo.co.id
III
Pamekar Diajar
BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013
Buku Tuturus Guru SD/MI
Kelas III
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014
Pamekar Diajar
BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang
Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku. PANYUSUN: Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin H.Yayat Sudaryat Risnawati PENELAAH: Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd. Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd. Budi Riyanto Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar Rarancang Jilid : Edi laish Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt. Dipedalkeun ku: DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-18-3 (Jilid 3) Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)
PANGBAGÉA
KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat. Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi. Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.
iii
Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.
Bandung, Desember 2013 Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,
Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA Pembina Utama Madya NIP 19570807 198601 1 001
iv
PANGBAGÉA
KEPALA BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng eleménelemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK. Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid. Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran. Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah. v
Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat. Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman. Bandung, Désember 2013 Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,
Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd NIP. 196110051986031014
vi
PANGJAJAP Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda. Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda. Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun). Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama. Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.
Bandung, Oktober 2013
vii
DAFTAR EUSI
PANGBAGEA: 1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii 2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v PANGJAJAP _vii DAPTAR EUSI _viii BAB I PITUDUH UMUM _1 A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2 C. Tatapakan Formal _4 D. Sistem. Prinsip, jeung pamarekan pangajaran _4 E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 F. Proses Pangajaran _5 G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) _5 H. Tema jeung Bahan Ajar _8 BAB II PITUDUH HUSUS _9 PANGAJARAN 1 _10 Tema : Alam Sabudeur _10 PANGAJARAN 2 _18 Tema : Pangalaman anu Matak Nineung _18 PANGAJARAN 3 _25 Tema : Usum-usuman _25 viii
PANGAJARAN 4 _33 Tema : Gotong Royong _33 PANGAJARAN 5 _41 Tema : Kaulinan jeung Olahraga _41 PANGAJARAN 6 _48 Tema : Sosobatan _48 PANGAJARAN 7 _56 Tema : Hémat Energi _56 PANGAJARAN 8 _60 Tema : Ngajénan Sasama jeung Hormat ka Kolot _60 PANGAJARAN 9 _67 Tema : Miara Lingkungan _67
BAB III PITUDUH MEUNTEUN _75 A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) _76 B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _76 C. Rubrik Meunteun Sikep _77 D. Rubrik Meunteun Latihan _77 E. Daftar Peunteun Murid _78 F. Refleksi Guru _78 Glosarium _79 Daftar Pustaka _82
Bab
Pituduh Umum
1
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal. 1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan. 2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir. 3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé,ngawasa konsép,kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik),kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda. 4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid. 5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid. 6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak, anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan. 7. Pituduh maké buku babon murid. Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal diulikna. 4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid. 6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.
B. Padika Maké Buku Tuturus Guru Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih. Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku. 1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma. 3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu hadé.
2
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola. 5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana. 6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola. 8. Guru dipiharep mekarkeun: a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM); b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas. 9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda. 10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda. 11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif (ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid. 13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola. 14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompeténsi. 15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid. 16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé. 17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisaeun. 18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambahtambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.
Bab 1 Pituduh Umum
3
C. Tatapakan Formal Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dinaieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda). Husuna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sund anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajarngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana. Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajarngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.
D. Sistim. Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedara, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan. Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid. Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9. Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna). 4
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) Rabah Sikep
SD/MI
SMP/MTs
SMA/SMK/MA/MAK
Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.
Kaparigelan
Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).
Kaweruh
Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun. Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.
F. Proses Pangajaran 1. 2. 3. 4. 5. 6.
Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik. Ari léngkah-léngkahna keiu. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen) Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan) Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian
G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas II SD/MI KOMPETENSI INTI (KI) 2.1 Menerima dan menjalankan 2.1.1 ajaran agama yang dianutnya
KOMPETENSI DASAR (KD) Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat penuturnya melalui teks pupuh, narasi, deskripsi, PAGUNEMAN, dan kakawihan. Bab 1 Pituduh Umum
5
2.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, dan percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, teman, dan guru
2.1.2
2.1.3
2.1.4
2.1.5
2.1.6
2.1.7
2.1.8
2.1.9
2.2 Memahami pengetahuan faktual dengan cara mengamati [mendengar, melihat, membaca] dan menanya berdasarkan rasa ingin tahu tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan kegiatannya, dan bendabenda yang dijumpainya di rumah, sekolah 6
2.2.1 2.2.2
2.2.3 2.2.4
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Memiliki perilaku santun, disiplin, dan jujur dalam menjalin kerukunan hidup dalam kemajemukan melalui teks pupuh (Tema 1) Memiliki perilaku santun, jujur, rukun, dan toleransi dalam kegiatan bermain di lingkungan keluarga dan di lingkungan sekitar melalui teks narasi. (Tema 2) Memiliki perilaku disiplin, jujur, tanggung jawab dalam melaksanakan tugasku seharihari melalui teks narasi atau deskripsi. (Tema 3) Memiliki perilaku tanggung jawab dan disiplin sebagai pelajar yang baik dalam merawat lingkungan sekolah melaui teks deskripsi. (Tema 4) Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam menjaga hidup bersih dan sehat melaui teks PAGUNEMAN (Tema 5). Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam memelihara lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan matahari) melaui teks deskripsi. (Tema 6) Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam memelihara hewan dan tumbuhan melaui teks deskripsi. (Tema 7) Memiliki perilaku tertib, tanggung jawab dan disiplin dalam menjaga keselamatan di rumah dan perjalanan melaui teks kakawihan. (Tema 8) Mengenal teks pupuh tentang kerukunan hidup dalam kemajemukan. (Tema 1) Mengenal teks narasi tentang kegiatan bermain di lingkungan keluarga dan di lingkungan sekitar (Tema 2) Mengenal teks narasi tentang tugasku sehari-hari (Tema 3) Mengenal teks deskripsi tentang pentinngnya merawat lingkungan sekolah. (Tema 4)
2.2.5 2.2.6
2.2.7
2.2.8
2.3 Menyajikan pengetahuan faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang estetis dalam gerakan yang mencerminkan anak sehat, dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku anak beriman dan berakhlak mulia
2.3.1
2.3.2
2.3.3
2.3.4
2.3.5
2.3.6
2.3.7 2.3.8
Mengenal teks PAGUNEMAN tentang menjaga hidup bersih dan sehat. (Tema 5). Mengenal teks deskripsi tentang lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan matahari). (Tema 6) Mengenal teks deskripsi tentang cara pemeliharaan hewan dan tumbuhan. (Tema 7) Mengenal teks kakawihan atau pupuh tentang menjaga keselamatan di rumah dan perjalanan. (Tema 8) Melantunkan teks pupuh tentang kerukunan hidup dalam kemajemukan. (Tema 1) Menceritakan isi teks narasi tentang kegiatan bermain di lingkungan keluarga dan di lingkungan sekitar. (Tema 2) Menceritakan isi teks narasi tentang pelaksanaan tugasku sehari-hari . (Tema 3) Menuliskan isi teks deskripsi tentang pentingnya merawat lingkungan sekolah. (Tema 4) Memperagakan teks PAGUNEMAN tentang menjaga hidup bersih dan sehat. (Tema 5) Menuliskan isi teks deskripsi tentang lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan matahari). (Tema 6) Menuliskan isi teks deskripsi tentang cara merawat hewan dan tumbuhan. (Tema 7) Melantunkan teks kakawihan tentang menjaga keselamatan di rumah dan perjalanan. (Tema 8)
Bab 1 Pituduh Umum
7
H. Tema jeung Bahan Ajar Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman
Tema 1 : Hirup Sauyunan Bahan : Pupuh
Tema 6 : Lingkunga alam (Cai, Bumi, Panonpoé) Bahan : Sajak
Tema 2 : Ulin di Lingkungan Bahan : Déskripsi TEMA & BAHAN AJAR
Tema 7 : Miara sasatoan jeung tutuwuhan Bahan : Déskripsi
Tema 3 : Pancén sapopoé Bahan : Déskripsi
Tema 8 : Kasalametan di imah jeung di jalan Bahan : Kakawihan/Pupuh
Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman
Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman
8
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Bab
Pituduh Husus
2
PANGAJARAN 1 Tema : Alam Sabudeur Bahan : Téks déskripsi Waktu : Tilu minggu Kahirupan manusa teu bisa dipisahkeun tina kaayaan alam anu aya di sabudeureunana. Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana kaayaan alam anu teu jauh tina lingkungan kahirupanana. Dipiharep maranéhna bisa nambahan kaweruh, sarta nguatan sikepna dina mikanyaah jeung miara alam. Éta sikep téh penting pisan, mana komo mun dipatalikeun jeung kaayaan dina jaman kiwari. Alam geus loba nu ruksak alatan pamolah manusa.
KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. MACA BEDAS No.
Kagiatan
1.
Guru nerangkeun anu dimaksud maca bedas, jeung naon waé pasaratan dina maca bedas téh. Ngeunaan hal ieu, guru bisa niténan bahanna anu disadiakeun dina Bab III. Di dinya diterangkeun rupa-rupa maca dina kagiatan diajar-ngajar.
2.
Guru nuduhkeun bacaan judulna “Taman Hareupeun Imah”, anu nyampak dina buku murid. Bacaan déskripsi, eusina ngadadarkeun miara taman. Éta bacaan dilengkepan ku gambar utama jeung gambar pangjangkep. Gambar utama ngébréhkeun kaayaan taman. Ari gambar pangjangkepna ngébréhkeun sawatara barang anu gunana patali jeung miara taman.
3.
Guru méré conto, kumaha carana maca bedas. Cukup ku saparagraf waé, anu aya dina matéri bacaan. Murid sina enya-enya ngaregepkeun, sangkan maranéhna bisa maca bedas.
4.
Guru nugaskeun murid maca bedas. Carana mah bagilir waé saurang-saurang. Saban murid cukup maca saparagraf tina sagemblengna bacaan. Tangtu kamampuh saban murid téh teu sarua. Aya anu macana lancar, aya anu agaeugeu kénéh bari jeung tacan pati jelas dina ngunikeun kecapna. Aya anu geus wantér, jeung aya anu éraan kénéh. Kitu deui dina lentongna, aya anu geus merenah, aya anu salah kénéh. Jadi kawajiban guru pikeun nuyun jeung ngalatih ka murid anu macana tacan lancar, ngunikeun kecapna tacan pati jelas, anu masih kénéh éraan, jeung anu lentongna tacan merenah.
10
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
5.
Guru kudu bisa nyiptakeun kaayaan sangkan di jero kelas henteu ribut, tur murid anu teu kagiliran maca daék ngaregepkeun babaturanana anu keur dibéré pancén maca bedas. Tujuan tina ieu maca bedas téh dipiharep sangkan murid barisaeun nyangkem eusi bacaan. Ku sabab kitu, maranéhna kudu enyaenya ngaregepkeun.
6.
Guru kudu merhatikeun jeung nyatetkeun, saha waé murid anu geus saregep dina ngaregepkeun, jeung mana anu caliweura kénéh. Tangtu waé murid anu caliweura kudu gancang digeuing.
B. NGALISANKEUN JAWABAN No.
Kagiatan
7.
Guru nugaskeun murid pikeun ngajawab pananya atawa nerangkeun panitah sacara lisan. Murid anu dibéré pancén ngajawab téh heulakeun anu caliweura dina ngaregepkeun. Maksudna mah sangkan dina waktu nu bakal datang aya deui pancén ngaregepkeun, éta murid bisa ngarobah sikep.
8
Pikeun ngajawab sakur pananya atawa nerangkeun panitah téh murid dibéré lolongkrang nyusun kalimah sorangan. Anu penting eusina ulah méngpar tina eusi bacaan.
9.
Dina ngajawab atawa nerangkeun téh, aya di antara anu patali jeung kamampuh mahamkeun matéri pangajaran.
10.
Pikeun ngukur kamampuh murid dina ngajawab pananya atawa nerangkeun panitah, guru kari ngabandingkeun sakur omongan murid jeung jawaban anu sakuduna. 1. Henteu lega, tapi mani resik. 2. Sangkan teu matak jadi bala. 3. Pikeun ngagemuk pepelakan. 4. Dina sapanjang pager anu adek ka sisi jalan. 5. Sedep malem, eros, jeung malati. 6. Tangkal angkrék. 7. Pasosoré. 8. Sangkan taneuh anu dicébor baseuhna rata. 9. Sabab hama téh sok ngaganggu kana tatangkalan. 10. Gunana gunting pangkas téh pikeun mangkas tatangkalan. 11. Tangkal flamboyan jeung mahoni. 12. Pikeun iuh-iuh jalan. 13. Kalakayna sok ngabalaan buruan. 14. Sangkan kalakay jadi buruk, engkéna dijieun kompos. 15. Tangkal anu sok dipelak di sisi jalan téh réa rupana, di antarana tangkal flamboyan, mahoni, tanjung, kanari, asem, kiara payung, jeung bungur. Bab 2 Pituduh Husus
11
11.
Guru kudu nyieun catetan dumasar kana jawaban anu dikedalkeun ku saban murid. Tujuanana pikeun ngukur kamampuh maranéhna dina kagiatan ngaregepkeun.
C. NGUNIKEUN KECAP DINA KALIMAH No.
Kagiatan
12.
Guru nerangkeun yén dina bacaan aya sawatara kecap anu ngagunakeun aksara f. Ieu aksara téh karék ayeuna diajarkeun ka murid. Mémang enya, dina kabuktian ucapan mah, aksara f téh mimindengna sok diunikeun jadi p. Tapi ari dina pangajaran mah angger kudu diwanohkeun. Kahiji, diwanohkeun cara ngunikeunana. Kadua, diwanohken cara nuliskeunana ku aksara tulis, kumaha wujudna aksara gedé, jeung kumaha wujudna aksara leutik.
13.
Guru kudu weruh heula yén aksara f dina basa Sunda téh serepan tina basa deungeun, boh basa Arab boh basa anu jolna ti Éropa, utamana Walanda jeung Inggris. Baréto mah kecap anu ngandung aksara f téh réréana sok diunikeun jeung ditulis jadi p, upamana pakir miskin lain fakir miskin. Ngan ka dieunakeun, sanggeus pangaruh basa deungeun anu asup kana basa Sunda beuki ngalobaan, daék teu daék urang kudu narima kana aksara f. Ilaharna kekecapan asing anu angger ditulis ku aksara f téh nyaéta anu asupna dianggap alanyar, atawa anu geus popilér dina peristilahan basa Indonésia.
14.
Guru nugaskeun murid pikeun ngagalantangkeun kalimah anu dina kecapkecapna aya nu ngandung aksara f. Ku guru dicontoan heula cara ngunikeunana, terus murid sina nurutan. Geus kitu murid sina maca sagemblengna kalimah. Macana mah dibagilirkeun waé, sakabéh murid kudu kabagian.
15.
Guru nerangkeun yén aksara f bisa nempatan posisi di awal, di tengah, jeung di tungtung kecap. Aksara f dina awal kecap upamana dina Farida, Fuad, jeung Fitria Aksara f dina tengah kecap upamana dina Tifa jeung Al-Kafirun Aksara f dina tungtung kecap upamana dina Arif, aktif, jeung Yusuf
D. NYALIN KECAP No.
Kagiatan
16.
Guru nugaskeun murid pikeun nyalin kecap anu ngandung aksara f. Anu kudu disalin téh ukur diwangun ku dua kecap, bari kitu ogé anu nuduhkeun ngaran, boh ngaran jalma boh ngaran lembaga. Aksara f anu aya dina kecap anu kudu disalin téh aya anu nempatan posisi di awal, di tengah, jeung di tungtung.
12
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
17.
Enggoning nyalin éta kecap téh murid migawéna dina buku tulis, sok sanajan dina buku bahan ajar aya kolom anu disayagikeun. Éta kolom téh lain eusianeun murid, tapi ngan wungkul pikeun pituduh sangkan murid babari ngarti dina prakna migawé pancén.
18.
Guru kudu ngaroris pagawéan murid, naha hasilna geus bener atawa tacan. Hasil pagawéan anu bener kudu dibéré peunteun.
19.
Lamun aya murid anu tacan merenah dina nuliskeun kecapna, jadi kawajiban guru pikeun memenerna. Pikeun nambahan kajembaran kaweruh murid, disarankeun guru méré deui pancén séjén di luareun anu aya dina matéri bahan ajar.
E. MACA DINA JERO HATÉ No.
Kagiatan
20.
Guru nerangkeun anu dimaksud maca dina jero haté, kumaha prak-prakanana, jeung naon waé pasaratanana. Ngeunaan hal ieu, guru bisa niténan bahanna anu disadiakeun dina Bab III. Di dinya diterangkeun rupa-rupa maca dina kagiatan diajar-ngajar.
21.
Guru nuduhkeun bacaan anu judulna “Hulu Cai” katut ilustrasi gambarna. Éta bacaan téh pikeun nambahan kaweruh murid ngeunaan alam sabudeur. Mun dina bacaan mimiti digambarkeun alam sabudeur anu aya di sakurilingeun imah, dina bacaan kadua mah murid mimiti diwanohkeun ka lingkungan anu leuwih lega.
22.
Dipiharep murid nyangkem eusi bacaan, anu engkéna bisa diaplikasiken kana sikep positif dina miara alam. Dina éta bacaan diébréhkeun kaayaan di hulu cai di hiji lokasi anu teu jauh ti kompléks perumahan. Ku penduduk enyaenya dipiara, tatangkalanana teu meunang diganggu, sangkan éta hulu cai mangpaatna manjang.
23.
Guru nugaskeun maca ka murid, cukup ku lima menitan. Sajeroning murid maraca, kaayaan di jero kelas kudu tenang. Ku guru kudu diperhtikeun bisi aya murid anu rada meléng, atawa heureuy.
F. NGANGGEUSKEUN KALIMAH No.
Kagiatan
24.
Satutasna maca dina jero haté, pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi bacaan, murid sina ngalaksanakeun pancén nganggeuskeun kalimah. Murid dibéré sapuluh sual anu eusina patali jeung eusi bacaan. Bab 2 Pituduh Husus
13
25..
Hasil pagawéan murid sina dibaca sacara bagalir. Saban murid maca kalimah anu ditulis ku maranéhna.
26.
Ungkara kalimah anu ditulis ku murid bisa rupa-rupa. Pikeun ngukur kamampuh dina ngalaksanakeun pancén, guru kari ngabandingkeun sakur kalimah anu dianggeuskeun ku murid jeung konci jawaban. 1. Kana panyaram entong ulin di hulu cai, barudak sok ngagugu. 2. Barudak teu resepeun ulin di hulu cai, sabab tempatna nyingkur. 3. Ti perumahan ka hulu cai ukur kahalangan ku masjid jeung lapang. 4. Sanggeus aya perumahan, éta hulu cai téh terus dijieun babalongan. 5. Pangeusi perumahan teu kudu nyieun sumur, sabab ngamangpaatkeun éta hulu cai. 6. Lamun keur usum halodo, cai keur ka saban imah téh sok rada ngurangan. 7. Tatangkalan di hulu cai teu meunang diganggu, sabab bisi bisi cai nu kaluar ti dinya jadi kaganggu. 8. Ku lobana tatangkalan di hulu cai, manuk gé jadi baretaheun cicing 9. Manuk nu aya di dinya téh, nyaéta tikukur, cangkurileung, kérak, jeung jalak. 10. Ari isuk-isuk éta manuk téh ramé ramé disarada.
27.
Guru kudu nyieun catetan dumasar kana kamampuh murid dina nganggeuskeun kalimah.Tujuanana pikeun ngukur maranéhna dina kagiatan maca dina jero haté.
G. NGAHARTIKEUN KECAP No.
Kagiatan
28.
Ieu bagian pikeun nerangkeun harti sawatara kecap anu aya dina bacaan “Taman Hareupeun Imah” jeung “Hulu Cai”. Anu diterangkeun téh aya 12 kecap. Bisa waé masih kénéh aya kecap lianna anu tacan dipikaharti ku murid. Guru kudu méré lolongkrang ka murid sangkan maranéhna daék nanyakeun.
29.
Kecap anu diterangkeun hartina téh henteu leupas tina kontéks kalimahna. Éta pangna anu dicutat tina bacaan téh gembleng sakalimah.
30.
Bahan ajar anu disayagikeun mimitina sina dibaraca heula dina jero haté. Saterusna sakur kecap anu dijéntrékeun hartina téh ku guru diterangkeun hiji-hiji, anu dipalar murid bisa mahamkeunana.
31.
Guru nanya ka murid, bisi aya kecap séjénna anu kudu diterangkeun hartina. Maranéhna kudu sina aktif ngasongkeun pertanyaan. Bakal leuwih hadé lamun pananya ti mutid téh henteu langsung dijawab ku guru, tapi didiskusikeun jeung kabéh murid.
32.
Kecap lianna tina bacaan anu diterangkeun hartina sina ditarulis ku murid dina buku catetan masing-masing.
14
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
H. NGEUSIAN KALIMAH No.
Kagiatan
33.
Bahan ajar anu dipidangkeun dina ieu bagian pikeun ngukur kamampuh murid dina ngaplikasikeun harti kecap sakumaha anu geus diterangkeun dina bagian saméméhna.
34.
Guru nugaskeun murid pikeun nganggeuskeun kalimah anu kamungkinan jawabanana geus disayagikeun.
35.
Kecap anu aya dina kamungkinan jawaban téh padeukeut harti, upamana resik, beresih, jeung lening. Éta kecap anu tilu téh bakal kapaké dina nganggeuskeun tilu kalimah anu dijieun sual.
36.
Konci jawabanana: 1. b 6. b 2. a 7. a 3. c 8. c 4. c 9. b 5. a 10. b
11. c 12. a 13. c 14. a 15. b
I. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH No.
Kagiatan
37.
Bahan ajar dina ieu bagian téh saenyana bagian tina tatabasa, asupna kana bagbagan afiksasi atawa ngalarapkeun rarangkén. Dina hal ieu, ngalarapkeun rarangkén hareup di- jeung ka-.
38.
Dina basa Sunda, rarangkén hareup di- jeung ka- téh dunana pikeun ngawangun kecap pagawéan. Ngheunaan hal ieu mah teu kudu diterangkeun ka murid, sabab di kelas III SD tacan diwanohkeun kana téori élmu basa. Kecap-kecap anu robah alatan dilarapkeunana rarangkén hareup di- jeung katéh jadi bagian tina hiji kalimah, tur cukup ku dibaca wungkul.
39.
Guru nerangkeun heula conto anu aya dina kalimah, upamana tina kecap ganggu téh bisa dirobah jadi diganggu atawa kaganggu: a) Tatangkalan di hulu cai teu meunang diganggu. b) Nelepon dina mobil kaganggu ku sora mesin. Ti dinya terus diterangkeun deui conto séjénna anu geus disadiakeun dina bahan ajar. Bab 2 Pituduh Husus
15
40.
Guru méré conto, kumaha prak-prakan ngagalantangkeun kalimah anu aya dina bahan ajar. Saban kecap kudu diunikeun kalawan jéntré, terus dina maca kalimahna kudu maké lentong.
41.
Saban murid ditugaskeun sina maca sakalimah, dibagilirkeun. Lamun di antara murid aya anu tacan merenah macana, kudu sina dibalikan deui.
J. NGARANG CARITA No.
Kagiatan
42.
Dina ieu bagian, murid dipentés sina ngarang carita ngeunaan kaayaan alam sabudeur. Lain ngarang dia harti ngarakit carita kalawan gembleng, tapi ukur nganggeuskeun karangan nu geus aya. Tujuanana sangkan murid mampuh ngabréhkeun hasil paniténna dina wangun karangan deskripsi.
43.
Luyu jeung prinsip spiral, pancén anu dibiken ka murid téh dimimitian ku anu babari, terus ningkat ka anu hésé. Dina prakna migawé, aya tilu latihan ngarang anu kudu dianggeuskeun ku murid.
44.
Dina Latihan 1, anu kudu dianggeuskeun téh karangan deskripsi ngeunaan kaayaan di sakola. Murid sina nyusun sawatara kecap pikeun nganggeuskeunana. Dina Latihan 2, ngeunaan kaayaan di kebon binatang, murid sina nyusun kecap anu leuwih loba batan dina Latihan 1, tur bisa waé dina wangun kalimah. Dina Latihan 3, anu kudu dipogawé ku murid téh kudu nyusun paragraf pondok.
45.
Karangan anu ditulis ku murid bakl réa rupana. Hal éta mah gumantung kana hasil panitén atawa naon-naon anu kungsi kaalaman ku dirina. Anu kudu dipeunteun ku guru téh dina lebah susunan logikana, anu diébréhkeun dina ungkara. Pikeun ngiker-ngiker dina méré peunteun, guru bisa niténan konéi jawaban anu disayagikeun di handap. Ieu konci jawaban téh lain patokan anu mutlak, tapi ngan saukur piken babandingan.
46.
Konci jawaban pikeun tugas dina Latihan 1: Sakola tempat abdi diajar téh di Jalan Ahmad Yani. Buruan sakola mani lega, tempat abdi jeung babaturan arulin. Éta buruan téh sok dipaké upacara bandéra deuih, atawa olahraga. Sakurilingna dipager. Rohangan kelasna ngajajar aya genep. Kelas abdi ayana di tengah. Di kenca aya rohangan kelas dua, ari di katuhuna aya rohangan kelas opat. Aya aula jeung musola teu jauh ti kelas anu ngajajar (alternatif kahiji). Aya aula jeung musola anu sok digunakeun ku murid jeung Bapa/ Ibu Guru (alternatif kadua).
16
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Aya aula jeung musola. Aula sok dipaké ngayakeun kagiatan sakola. Ari musola mah tempat solat murid jeung Bapa/Ibu Guru (alternatif katilu). 47.
Konci jawaban pikeun tugas dina Latihan 2: Siswa kelas tilu piknik ka kebon binatang. Tempatna mani pikabetaheun. Hawana seger sabab loba tatangkalan. Di kebon binatang téh loba sasatoan. Sato garalak ogé aya, di antarana maung jeung singa. Kabéh ogé dikandangan, henteu sina ngencar. Aya gajah jeung banténg dina kandang anu dipager beusi. Pagerna jangkung, sangkan teu bisaeun ngencar (alternatif kahiji). Aya gajah jeung banténg dina kandang keur diparaban ku anu ngurusna. Parabna téh jukut jeung dangdaunan. Sanggeus nyaratu, gajah jeung banténg téh terus ngarinum (alternatif kadua). Aya gajah jeung banténg mani galedé. Tulalé jeung sihung gajah mani panjang. Ari banténg mah tandukna mani seukeut. Gajah mah bangun lindeuk, da sok nyampeurkeun ka pangunjung bari nyodorkeun tulaléna (alternatif katilu).
48.
Konci jawaban pikeun tugas dina Latihan 3: Di pasar ramé ku anu dagang jeung nu balanja. Anu dagang barang mani rupa-rupa. Henteu pacampur tempatna téh. Anu dagang sayur henteu ngahiji jeung nu dagang papakéan. Tempatna ngahaja sina misah. Pasar téh mani lega. Di hareupeunana aya jalan raya. Loba kendaraan nu ngaliwat ka dinya. Angkot, beus kota, jeung kendaraan séjénna (alternatif kahiji). Di pasar ramé ku anu dagang jeung nu balanja. Anu dagang barang mani rupa-rupa. Henteu pacampur tempatna téh. Anu dagang sayur henteu ngahiji jeung nu dagang papakéan. Kitu deui anu dagang lauk jeung bungbu tempatna misah. Ti mimiti tabuh tujuh isuk-isuk pasar geus mimiti ramé, tepi ka soré. Anu daratang ka pasar loba anu ti tempat jauh. Rék ngadon balanja. Anu balanjana loba mah sok bari mawa mobil sorangan (alternatif kadua). Di pasar ramé ku anu dagang jeung nu balanja.Anu dagang barang mani ruparupa. Henteu pacampur tempatna téh. Anu dagang sayur henteu ngahiji jeung nu dagang papakéan. Anu dagang lauk jeung daging tempatna di lanté handap. Ari nu dagang papakéan jeung lawon mah tempatna di luhur. Lamun rék lebaran di pasar téh sok beuki ramé. Anu dagangna beuki loba. Kitu deui anu balanjana. Disebutna usum maréma. Harga barang anu dijual di pasar gé sok ngadadak jadi naék (alternatif katilu).
Bab 2 Pituduh Husus
17
PANGAJARAN 2 Tema : Pangalaman anu Matak Nineung Bahan : Prosa Narasi Waktu : Tilu minggu Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana wacana anu ditulis winangun prosa narasi, eusina nyaritakeun pangalaman anu matak nineung. Hal anu kawas kieu tangtu karandapan ku sing saha waé. Murid sina nengetan jeung neuleuman pangalaman tokoh dina carita. Ti dinya guru kudu mampuh ngamotivasi sangkan murid barisaeun nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku dirina.
KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. MACA BEDAS No.
Kagiatan
1.
Guru nerangkeun heula yén anu pangheulana dilaksanakeun dina Pangajaran 2 téh maca bedas. Katerangan ngeunaan hal ieu geus didadarkeun waktu ngalaksanakeun Pangajaran 1.
2.
Guru nitah murid sangkan maruka buku anu midangkeun Pangajaran 2. Anu rék dibaca ku murid téh judulna “Piknik ka Kawahputih” dumasar kana pangalaman Ratna, jeung “Diibakan Gajah” dumasar kana pangalaman Gilang. Ieu bacaan téh hasil karangan Ratna jeung Gilang sanggeus dirina ngarandapan pangalaman anu matak nineung
3.
Guru nitah ka salah saurang murid pikeun maca éta karangan. Guru nyontoan heula cara macana, dua-tilu paragraf. Sajeroning kitu, murid sina saregep ngaregepkeunana.
4.
Hiji karangan bisa dibaca ku tilu atawa opat murid, dibagilirkeun. Sangkan kanyahoan tepi ka mana sikep dina ngaregepkeun, alusna murid anu dibéré pancén maca téh dicékclok.
5.
Mun katimbang perlu jeung waktuna nyukupan, sakabéh murid kudu kabagian giliran maca. Guru nyatetkeun saha-sahana murid anu dianggap tacan merenah macana. Ieu catetan patalikeun jeung anu karandapan dina Pangajaran 1, pikeun ngukur kamajuan murid dina kagiatan maca bedas.
18
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
6.
7.
Saméméh pindah kana karangan kadua, guru ngasongkeun heula pertanyaan ngeunaan palaku dina karangan kahiji. Kitu deui mun anggeus maca karangan kadua, murid dipentés heula kawas dina karangan kahiji. Murid sina ngajawab sacara lisan. Alus pisan mun guru nerangkeun saliwat ngeunaan tempat anu disabit-sabit dina éta karangan, terus guru nanya, saha waé di antara murid nu kungsi ka dinya.
B. NGALENGKEPAN KALIMAH No.
Kagiatan
8.
Saméméh murid migawé pancén, guru nerangkeun heula yén karangan kahiji jeung kadua téh ditulisna ku budak. Éta pangna dina lebah ngagunakeun basa katut cara nyaritakeunana ogé teu jauh tina kamampuh budak. Ratna ngarasa nineung kana pangalaman anu kungsi karandapan ku dirina, waktu diajakan piknik ka Kawahputih ku Bibi Yanti. Ari pangalaman anu matak nineung pikeun Gilang mah waktu piknik ka kebon binatang.
9.
Basa Sunda anu dipaké ku Ratna jeung Gilang téh dina ragam hormat. Titik tilikanana ngagunakeun jalma kahiji, nyaéta abdi.
10.
Dina migawé ngalengkepan kalimah, anu dipigawé ku murid téh kudu dumasar kana eusi bacaan. Demi tujuanana pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem atawa mahamkeun eusi bacaan.
11.
Ieu pancén téh tingkatanana basajan pisan. Umumna murid ngan ukur ngeusikeun dua-tilu kecap waé.
12.
Basa dina sual ngagunakeun ragam loma, padahal ari dina bacaan mah ragam hormat. Ku kituna mungkin waé aya murid anu nganggeuskeun kalimah ku ragam hormat saluyu jeung basa anu dipaké dina bacaan, mungkin deuih aya anu ngagunakeun ragam loma. Rék ragam mana waé anu dipaké ku murid dina nganggeuskeun kalimah, ku guru ulah dipasualkeun, da nu penting mah kecap anu ditulis ku murid téh balener, saluyu jeung eusi bacaan.
13.
Pikeun patokan guru dina meunteun hasil gawé murid, dina ieu bagian dipidangkeun kalimah sagemblengna. Pangalaman Ratna 1. Waktu diajakanan piknik téh kabeneran geus tilu poé Ratna keur peré sakola. 2. Bibi Yanti ngajakan piknikna téh babarengan jeung batur sakantorna. 3. Diajakan piknik ku bibina téh Ratna mani ngarasa atoh.
Bab 2 Pituduh Husus
19
4. 5. 6. 7.
Dina poéan rék indit piknik, Ratna hudangna gé mani subuh kénéh. Jalan ka Kawahputih ti mimiti Ciwidéy téh terus-terusan nanjak. Di sisi jalan anu kaliwatan Ratna nempo kebon strobéri jeung palawija. Ratna meunang katerangan yén Kawahputih téh ayana di Gunung Patuha. 8. Pangna disebut Kawahputih téh lantaran warnana bodas. 9. Di kiduleun Kawahputih aya tempat wisata séjénna, nyaéta Situ Paténggang. 10. Pangalaman piknik ka Kawahputih téh pikeun Ratna matak nineung. Pangalaman Gilang 1. Ari pangalaman Gilang mah piknikna téh ka kebon binatang. 2. Angkot anu ditumpakan ku Gilang sabatur-batur henteu suat-siet siga nu babalapan. 3. Gilang mah piknik ka kebon binatang téh geus rada mindeng. 4. Bapa Guru ngomat-ngomatan sangkan barudak ulah papencar. 5. Anu dituduhkeun ku Ridwan nyaéta maung keur diparaban. 6. Maya ujug-ujug ngajerit bari lumpat sabab nempo oray. 7. Anu nyarék Maya tong deukeut teuing nempo gajah nyaéta Fatimah 8. Anu nyebutkeun Maya diibakan gajah nyaéta Ridwan 9. Tapi ahirna mah Gilang ogé ngalaman disemprot ku gajah 10. Harita Gilang ngan ukur ngomong ah dasar gajah, ada-asa sajah.
C. NGAPALKEUN HARTI KECAP No.
Kagiatan
14.
Guru nerangkeun yén dina bacaan aya sawatara kecap anu rék diterangkeun hartina. Éta kecap téh dicutat reujeung kalimahna.Ti dinya kakara diterangkeun hartina.
15.
Tujuan tina ieu pangajaran nyaéta sangkan murid weruh kana harti kecap. Bisa jadi éta kecap téh geus langka digunakeun dina paguneman sapopoé, tapi taya salahna mun diajarkeun, anu dipalar murid nyangkem kajembaran basa.
16.
Sangkan leuwih anteb dina ngahartikeun kecap anu keur diterangkeun, dina bahan ajar dipidangkeun dua kalimah séjénna. Lian ti éta, murid diwanohkeun kana kecap anu rada padeukeut sacara sémantik, nyaéta kecap kebluk jeung kecap lilir. Murid sina maca dua kalimah anu ngandung éta kecap, terus sina ngabandingkeun.
20
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
17.
Aya pancén anu kudu diterangkeun ku guru, nyaéta natan ngaran sawatara barang anu biasa nyampak di jamban. Murid dibéré kalaluasaan pikeun ngajawabna, dumasar kana hal-hal anu manéhna nyaho.
18.
Pikeun leuwih ngajembarn kaweruh, alusna mah guru méré kasempetan pikeun nyirian kecap anu tacan dipikanyaho harti anu aya dina bacaan.
D. NITÉNAN ROBAHNA KECAP No.
Kagiatan
19.
Bahan ajar robahna kecap téh saenyana bagian tina tatabasa, asupna kana bagbagan afiksasi atawa ngalarapkeun rarangkén. Dina hal ieu, ngalarapkeun rarangkén barung di-an. Pangna ukur disebut robahna kecap téh sangkan jadi basajan, sabab murid kelas III tacan diwanohkeun kana téori élmu basa.
20.
Guru nerangkeun heula conto anu aya dina kalimah, upamana: Ratna diajakan piknik ka Kawahputih ku Bibi Yanti. Dina éta kecap aya kecap diajakan, anu asalna tina ajak, ditambah rarangkén barung di-an. Ti dinya terus diterangkeun deui conto séjénna anu geus disadiakeun dina bahan ajar.
21.
Kecap anu robah ku prosés afiksasi dina conto kalimah téh warna kecapna rupa-rupa. Aya anu mangrupa kecap pagawéan (contona ajak jeung témbal), kecap kaayaan (contona jauh jeung lada), jeung kecap barang (contona sangu jeung daging). Rék naon waé warna kecapna, lamun geus ditambahan ku rarangkén barung di-an mah tangtu bakal jadi kecap pagawéan. Ngeunaan éta warna kecap, teu kudu diterangkeun ka murid, da tacan waktuna. Éta mah ukur pikeun kaweruh guru wungkul. Murid mah ukur sina weruh kana prosés robahna wungkul. Minangka pikeun ngalalanyahan lamun dina kelas saterusna mimiti diwanohkeun bagbagan tata basa.
E. NGEUSIAN KALIMAH No.
Kagiatan
22.
Pangajaran ngeusian kalimah téh masih terusna tina pangajaran robahna kecap. Ngan waé dina ieu pangajaran téh murid diwanohkeun kana prosés nyoba ngalarapkeun kecap anu geus dirobah ku asupna rarangkén barung di-an.
Bab 2 Pituduh Husus
21
23
Dina bahan ajar diébréhkeun yén kecap béja robah jadi dibéjaan. Tah, kecap dibéjaan éta anu kudu dieusikeun kana kalimah téh.
24.
Ku guru diterangkeun yén anu kudu dipigawé ku murid téh teu hésé, da ukur kari ngeusikeun kecap anu geus disadiakeun.
25.
Ieu pancén dipigawéna dina buku tulis masing-masing paranti murid latihan. Mun geus bérés, ku guru kudu dipariksa, bisi aya murid anu tacan bener dina migawéna.
F. NULISKEUN KAJADIAN ALAM No. 26.
Kagiatan Bahan ajar dina ieu bagian téh ngait kana bacaan “Piknik ka Kawahputih”. Aya kalimah anu dicutat kieu:
Anu dimaksud kawah téh pinuh ku cai, sapertos balong lega, tapi luhurna ngebul seueur haseup. Éta cutatan téh minangka ngawahan pikeun nerangkeun kajadian alam.
27.
Guru nerangkeun, naon waé anu kaasup kajadian alam téh. Teu kudu anu jauh jeung hésé atawa langka peristiwana, tapi cukup anu aya di alam sabudeur waé.
28
Guru nugaskeun murid pikeun nuliskeun kajadian alam, ku cara ngalengkepan kalimah anu geus disayagikeun. Dina ngalengkepanana ogé, jawabanana geus disayagikeun. Murid ngan kari milih kecap anu merenah.
29.
Ieu tugas ngalengkepan kalimah téh kaitung rada hésé. Bawirasa tacan tangtu sakabéh murid bisaeun ngajawabna kalawan bener. Ku kituna, sina dipigawé di imah masing-masing. Murid dibéré waktu saminggu pikeun migawéna.
30.
Ieu tugas téh dina raraga ngalaksanakeun léngkah saintifik tingkatan kagenep, nyaéta net working, pikeun numuwuhkeun sikep murid enggoning daék tatanya atawa ngumpulkeun bahan di luareun prosés diajar-ngajar di jero kelas.
31.
Ku guru diterangkeun deuih sangkan murid ngaheulakeun sual anu dianggap babari heula. Sual anu héséna tur teu bisa dipigawé ku murid, sina ditanyakeun ka kolotna, ka lanceukna, atawa ka saha waé.
32.
Minggu hareupna, sanggeus tugas bérés, guru nanyakeun heula kumaha prakprakan murid dina migawéna, upamana maranéhna nanyakeun ka saha waé.
33.
Hasil pagawéan murid sina dibaca, dibagilirkeun. Ku guru diroris bisi aya jawaban murid anu tacan merenah. Saban kalimah dibaca ku saurang.
22
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
34.
Konci jawabanana: 1. d 6. c 2. a 7. e 3. g 8. f 4. b 9. j 5. i 10. h
11. n 12. m 13. o 14. k 15. l
G. NYARITAKEUN PANGALAMAN No.
Kagiatan
35.
Guru balik deui nerangkeun bahan ajar anu dipidangkeun dina bagian awal, anu ngébréhkeun pangalaman Ratna jeung Gilang. Anu ditulis ku Ratna jeung Gilang téh mangrupa pangalaman dirina sorangan.
36.
Ku guru ditandeskeun yén sakur jalma tangtu boga pangalaman séwangséwangan. Murid kelas III ogé tangtu baroga pangalaman anu matak nineung (basa Indoneéiana berkesan).
37.
Guru bisa nataan sawatara pangalaman anu ceuk kira-kira dianggap nineung ku murid-muridna. Éta mah naha pangalaman waktu keur nyaba ka hiji tempat, pangalaman anu karandapan di pangulinan, atawa pangalaman di sakola.
38.
Guru nerangkeun yén pangalaman anu matak nineung téh bisa ditulis jadi karangan, kawas anu dipigawé ku Ratna atawa ku Gilang. Lian ti éta, bisa deuih dicaritakeun sacara lisan.
39.
Guru kudu mampuh ngamotivasi sangkan ingetan murid kahudang enggoning nginget-nginget pangalaman matak nineung anu karandapan ku murid. Prakprakanana mah bisa ku cara nanya heula, upamana pangalaman waktu piknik: a. Saha di antara hidep anu kungsi diajakan piknik? b. Ka mana harita hidep indit piknikna? c. Ari inditna jeung saha waé? d. Aya naon waé anu kapanggih ku hidep di tempat piknik? e. Pék éta pangalaman téh ayeuna ku hidep caritakeun deui. Lian ti éta, lamun rék ngungkab pangalaman di pangulinan anu karandapan ku murid, guru bisa heula nanya kieu: a. Ari hidep resep kana kaulinan naon? b. Sok jeung saha hidep ulinna? c. Ari tempatna di mana, jeung iraha waktuna? d. Naon sababna hidep resep kana éta kaulinan? e. Pék éta pangalaman anu pikaresepeun téh ku hidep caritakeun deui.
Bab 2 Pituduh Husus
23
40.
Tangtu waé guru masih kénéh bisa nataan pangalaman lianna, dipatalikeun jeung kabiasaan anu kapanggih dina kahirupan sapopoé.
41.
Guru nugaskeun murid sina nyaritakeun pangalaman matak nineung anu karandapan ku dirina. Bakal leuwih alus lamun murid dina nyaritakeun pangalamanan téh hareupeun babaturanana, bagilir saurang-saurang, anu séjén ngaregepkeun.
42.
Anu kudu dipeunteun ku guru téh utamana aspék sikep murid dina ngagunakeun basa Sunda, anu dina hal ieu kawanterna. Lian ti éta, anu kudu dipeunteun téh runtuyan ungkara anu dilisankeun ku murid.
43.
Guru kudu nyieun catetan, saha waé murid anu katimbang geus lancar nyarita. Pikeun murid anu dianggap tacan lancar, bisa waé dibalikan deui sina nyarita dina minggu hareupna.
24
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
PANGAJARAN 3 Tema : Usum-usuman Bahan : Prosa Déskripsi Waktu : Tilu minggu Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana usum-usuman, ngaliwatan prosa déskripsi. Ku guru diterangkeun yén di urang mah ukur aya usum halodo jeung usum hujan, dina saban taun bagilir. Usum hujan sok disebut usum ngijih, ari usum halodo sok disebut usm katiga. Usum hujan biasana dina bulan-bulan ahir taun.Ti dinya disambung ku usum halodo. Sajaba ti nambahan kaweruh, ieu materi pangajaran téh dipiharep bisa nuwuhkeun sikep murid dina nyanghareupan usum halodo jeung usum hujan. Dina ahir pangajaran, murid dibéré tugas diajar ngarang.Ari anu jadi jejerna ngeunaan usum halodo jeung usum hujan
KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. MACA BEDAS No.
Kagiatan
1.
Guru nerangkeun heula yén pangajaran maca ayeuna neruskeun tina Pangajaran 2 saméméhna, nyaéta maca bedas. Katerangan ngeunaan hal ieu geus didadarkeun waktu ngalaksanakeun pangajaran saméméhna. Bédana. Wacana anu ieu mah dina wangun prosa déskripsi.
2.
Guru nitah murid sangkan maruka buku anu midangkeun Pangajaran 3. Anu rék dibaca ku murid téh judulna “Usum Halodo jeung Usum Hujan”. Dina ieu bacaan, didadarkeun ngeunaan usum hujan jeung usum halodo.
3.
Pikeun nuwuhkeun sikep dina diri murid, diterangkeun deuih kumaha ari keur nyanghareupan usum halodo,jeung kumaha ari keur usum hujan.Hal ieu dipatalikeun jeung tarékah miara alam, di antarana ulah sok miceun runtah ka susukan, sabab bisa ngalantarankeun saluran cai kapendet, tepi ka antukna nimbulkeun banjir.
4.
Guru nitah ka salah saurang murid pikeun maca éta karangan. Guru nyontoan heula cara macana, dua-tilu paragraf. Sajeroning kitu, murid sina saregep ngaregepkeunana.
Bab 2 Pituduh Husus
25
5.
Hiji karangan bisa dibaca ku tilu atawa opat murid, dibagilirkeun. Sangkan kanyahoan tepi ka mana sikep dina ngaregepkeun, alusna murid anu dibéré pancén maca téh dicékclok.
6.
Mun katimbang perlu jeung waktuna nyukupan, sakabéh murid kudu kabagian giliran maca. Guru nyatetkeun saha-sahana murid anu dianggap tacan merenah macana. Ieu catetan patalikeun jeung anu karandapan dina Pangajaran 1, pikeun ngukur kamajuan murid dina kagiatan maca bedas.
7.
Saméméh pindah kana karangan kadua, guru ngasongkeun heula pertanyaan ngeunaan palaku dina karangan kahiji. Kitu deui mun anggeus maca karangan kadua, murid dipentés heula kawas dina karangan kahiji. Murid sina ngajawab sacara lisan.
8.
Alus pisan mun guru nerangkeun saliwat ngeunaan iraha datangna usum halodo, jeung iraha datangna usum hujan.
B. NGAJAWAB PANANYA No.
Kagiatan
9.
Dina ieu bagian, murid dibéré pancén ngajawab pertanyaan sacara lisan, patali jeung eusi bacaan.
10.
Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid sacara bagilir, utamana pikeun pertanyaan anu méré lolongkrang pikeun sawatara jawaban, atawa anu jawabanana teu matok.
11.
Pikeun patokan guru dina ngajén jawaban nu dikedalkeun murid, bisa dititénan sakumaha ieu di handap: 1. Sabab rék asup k usum halodo. 2. Susukan jeung walungan sok orot caina. 3. Sabab sok aya kahuruan. 4. Sok loba kebul. 5. Biasana di sawatara tempat sok aya banjir. 6. Susukan jeung walungan. 7. Matak nimbulkeun kasusah. Jalan, gang, imah, jeung wawangunan lianna kakeueum. 8. Sabab kapendet. 9. Urang ulah miceun runtah ka walungan atawa ka susukan. 10. Sabab bisa nyababkeun lajuna cai kacandet, tepi ka jadi banjir.
12.
Sakur jawaban anu dikedalkeun ku murid kudu dipeunteun. Kahiji dipeunteun lebah eusina, jeung kadua dipeunteun dina lebah kawantér murid dina nyarita.
26
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
C. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH No.
Kagiatan
13.
Saterusna murid dibéré pancén ngagalantangkeun kalimah anu eusina patali jeung suasana dina usum-usuman.
14.
Mimitina ku guru dicontoan heula, kumaha prak-prakan ngagalantangkeun kalimah. Kahiji dicontoan artikulasina, kudu sing béntés. Kadua dina lentongna.
15.
Saban murid kudu kagiliran maca sakalimah séwang.
16.
Anu dipiharep tina ieu pangajaran nyaéta sangkan murid weruh kana ruparupa kaayaan anu patali jeung usum-usuman.
17.
Alus pisan mun guru bari némbongkeun sawatara gambar anu patali jeung eusi kalimah, upmana waé suasana keur hujan ngagebrét, kilat tingburinyay, tangkl anu rungkad, jeung sajabana.
D. MIKAWANOH SISINDIRAN No.
Kagiatan
18.
Dina ieu bagian murid diwanohkeun kana sisindiran. Engké dina bagian saterusna murid sina nyalin sisindiran.
19.
Ari sisindiran téh bagian tina sastra Sunda, anu kaasup kana kelompok basa ugeran. Sisisindiran téh dina sapadana aya opat jajar. Dua jajar anu mimiti disebut cangkang, jeung dua jajar anu panungtung disebut eusina. Sora dina tungtung jajaran kahiji kudu sarua jeung sora dina tungtung jajaran katilu, sora dina tungtung jajaran kadua kudu sarua jeung sora dina tungtung jajaran kaopat. Dina saban jajarna diwangun ku dalapan engang. Dina kasusastraan Indonesia mah anu kieu bentukna téh disebutna pantun.
20.
Anu dipaké cangkang dina sisindiran dina ieu bagian patali jeung usum-usuman, ari eusina ngeunaan papatah minangka tuduh jalan kamaslahatan.
21.
Mimitina ku guru dicontoan cara macana. Terus dituduhkeun, mana anu disebut cangkang, jeung mana ari eusina. Maca sisindiran mah kaasup kana maca éndah, maksudna henteu dapun bedas wungkul, tapi kudu genah kadéngéna.
22.
Sisindiran anu kudu dibaca téh kabehna aya opat pada. Ku murid sina dibaca sacara bagilir. Alusna mah macan téh di hareupeun babaturanana.
Bab 2 Pituduh Husus
27
E. NYALIN SISINDIRAN No.
Kagiatan
23.
Bagian saterusna murid dititah nyalin sisindiran kana aksara tulis, kabéhna aya dua pada.
24.
Ieu tugas téh minangka latihan sangkan murid leuwih tapis dina nulis, neruskeun pangajaran di kelas-kelas saméméhna.
25.
Hasil pagawéan murid kudu dikumpulkeun, terus ku guru dipeunteun.Anu jadi ukuran dina meunteun nyaéta karapih dina nulis, tur aksarana babari dibacana.
F. NGALENGKEPAN KALIMAH No.
Kagiatan
26.
Dina pangajaran ngalengkepan kalimah,anu jadi intina mah murid diwanohkeun kana larapna rarangkén hareup ting-, contona: pelenoy jadi tingpelenoy. Ieu rarangkén téh nuduhkeun jumlah. Kecap pelenoy ukur nuduhkeun hiji atawa sakali, tapi lamun tingpelenoy mah nuduhkeun leuwih ti hiji jeung leuwih ti sakali.Tangtu waé hal ieu teu kudu diterangkeun ka murid, ukur kuer kaweruh guru wungkul.
27.
Kecap anu dipaké conto téh ngawengku: 1. burinyay → tingburinyay 2. karetip → tingkaretip 3. jelegur → tingjelegur 4. kalayang → tingkalayang 5. berebet → tingberebet 6. burusut → tingburusut 7. peletok → tingpeletok 8. kocéak → tingkocéak 9. berekbek → tingberekbek 10. geleber → tinggeleber
28.
Anu kudu dipigawé ku murid mah cukup kur ngeusikeun kecap anu geus ditambahan ku rarangkén hareup ting- kana kalimah anu geus disayagikeun.
29.
Hasil pagawéan murid dipeunteun.
28
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
G. NYUSUN KALIMAH JADI KARANGAN No.
Kagiatan
30.
Dina ieu bagian, murid dibéré pancén nyusun kalimah jadi hiji karangan. Aya 16 kalimah anu lamun geus disusun bakal jadi hiji wacana déskripsi, pikeun conto dina nyusun karangan.
31.
Ku guru diterangkeun heula yén anu kudu dipigawé ku murid mah ukur nyambungkeun antara hiji kalimah jeung kalimah sapandeurieunana. Ti dinya kudu ditangtukeun paragrafna.
32.
Saméméhna ku guru diterangkeun yén anu dimaksud paragraf atawa alinéa téh nyaéta kumpulan kalimah anu ngandung hiji poko pikiran.
33.
Tina 16 kalimah téh kudu disusun jadi tilu paragraf. Ku guru dituyun kalimah mana waé anu asup kana paragrf kahiji, kadua, jeung katilu. Hal ieu geus diébréhkeun dina conto karanganana.
34.
Saterusna murid dibéré tugas pikeun nyusun kalimah kawas anu dina conto. Anu kudu disusun téh aya 18 kalimah.
35.
Jenggléngan karangan anu geus disusun téh kieu: Paragrap kahiji Ayeuna geus mimiti usum hujan. Panonpoé ukur némbongan tepi ka beurang. Kadang-kadang saméméh adan lohor gé geus cur hujan. Parat tepi ka wayah magrib hujanna téh. Paragrag kadua Sanggeus aya hujan mah buruan jadi teu ngebul. Sumur anu tadina saraat ayeuna kaeusian cai. Sok karasa ripuh ari sumur saat téh. Sakapeung kudu ngala cai ka nu rada jauh. Jadi wayahna cai téh kudu diirit. Paragraf katilu Ngan karunya téh ka nu imahna balocor. Ari usum hujan téh paparabotan di jero imah loba nu kabaseuhan. Cai hujan anu nyakclakan kudu ditandéan. Lamun bocorna loba mah matak ripuh nandéanana. Paragraf kaopat Dina keur usum hujan papakéan meunang nyeuseuh sok hésé garing. Komo mun moékeun baju baseuh anu karandel mah. Kitu deui mun moékeun sapatu meunang ngumbah sok hésé garing. Padahal ari dina usum hujan téh sapatu babari kotor. Kasebrot ku cileuncang atawa kacéprétan leutak.
36.
Hasil pagawéan murid dibahas babarengan. Susunan kalimah anu masih kénéh salah kudu gancang dibenerkeun. Bab 2 Pituduh Husus
29
H. NGANGGEUSKEUN KARANGAN No.
Kagiatan
37.
Dina pangajaran saterusna murid dibéré tugas nganggeuskeun karangan. Anu dijieun jejer karangan msih kénéh ngeunaan usum-usuman. Dua sual patali jeung usum hujan, anu dua deui patali jeung usum halodo.
38.
Ku guru kudu diterangkeun, kumaha ari prak-prakan nganggeuskeun karangan. Murid dibéré kalaluasaan pikeun nganggeuskeun karangan, sakumaha ceuk hasil pikiran séwang-séwangan.
39.
Dina migawé tugas kahiji, murid cukup ku ngeusikeun sakalimah atawa dua kalimah. Ti dinya ditéma ku tugas kadua anu pieusieunana leuwih panjang, upmana tilu tepi ka lima kalimah. Dina migawé tugas ktilu jeung kaopat ogé sarua waé.
40.
Ieu tugas téh alusna mah sina dipigawé di imah. Sajeroning migawéna, murid meunang tatanya ka pihak séjén.
41.
Saban murid sina maca hasil pagawéan séwang-séwangan, terus dibahas babarengan.
42.
43.
Hasil pagawéan murid dipeunteun. Anu jadi patokan meunteun nyaéta eusi karangan anu diwujudkeun dina runtuyan kalimah. Kacida alusna mun karangan anu dianggp pangalusna terus dipintonkeun dina majalah dingding, upamana. Pikeun matokan dina méré peunteun, guru bisa nyieun babandingan jeung ieu conto di handap: USUM HUJAN (1) Ayeuna geus mimiti hujan. Patani ngarasa bungah. Sawah anu tadina garing ayeuna bisa dikocoran cai. Mun sawah geus kacaian mah jadi babari maculna. Kitu deui balong anu tadina saat, ayeuna mah jadi ngemplang. Dina geus usum hujan patani getol digawé di sawah. Patani melak paré. Mun di kebon patani melak jagong jeung palawija séjénna. Terusna karangan alternatif kahiji Hujan téh nyababkeun tanah jadi subur. Mun taya hujan, pepelakan hésé jadi. Urang kudu muji sukur ka Gusti Alloh. Terusna karangan alternatif kadua Hasil gawé patani mangpaat keur saréréa. Bahan kadaharan sapopoé lolobana hasil gawé patani. Urang kudu nganuhunken ka patani.
30
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
USUM HUJAN (2) Ayeuna geus mimiti usum hujan. Ari balik ti sakola mindeng kahujanan di jalan. Papakéan, sapatu, jeung kantong wadah buku jadi baraseuh. Anu matak ari rék sakola téh sok mekel jas hujan, atawa payung. Sakapeung sok huhujanan jeung babaturan. Maén bal dina keur hujan asa resep pisan. Ngan lapangna sok jadi leueur. Anu maraén bal sok mindeng labuh. Terusna karangan alternatif kahiji Najan resep, tapi urang ulah tepi ka poho waktu. Ulinna ulah lila teuing bisi Ema atawa Bapa deudeupeun. Kudu buru-buru balik, terus beberesih. Kitu deui papakéan anu kalotor kudu gancang diberesihan. Terusna karangan alternatif kadua Maén bal dina keur hujan mah kudu ati-ati, sabab bisi aya kilat nyamber. Jaba deuih sora gelap téh matak katorékan. Kitu deui mun hujanna gedé pisan mah alusna ulah diteruskeun, sabab bisi ngadadak aya banjir, terus urang kabawa palid. USUM HALODO (1) Aya resepna ari usum halodo téh. Langit sok béngras. Ngan ari dina wanci tengah poé sok karasa panas pisan. Sakapeung mah najan geus soré ogé sok karasa kénéh hareudang. Tapi lamun geus peuting sok robah jadi tiris. Dina keur usum halodo biasana barudak sok ngapungkeun langlayangan. Tempatna di sawah anu paréna geus dipanén. Mun teu kitu ngapungkeun langlayangan téh sok di lapang. Atawa di tempat anu lega séjénna. Terusna karangan alternatif kahiji Ulin dina usum halodo mah bisa tepi ka soré.Tapi ulah tepi ka kamagriban, apan urang kudu terus solat jeung diajar ngaji. Terusna karangan alternatif kadua Hanjakal ayeuna mah sawah téh geus ngurangan. Kitu deui tempat kosong anu lega. Ayeuna mah geus loba diadegan imah.
Bab 2 Pituduh Husus
31
USUM HALODO (2) Dina keur usum halodo cai walungan sok orot. Leuwi anu jero gé sok jadi déét. Biasana dina usum halodo téh sok loba anu ngala lauk. Ngala lauk dina waktuna walungan saeutik caina mah jadi rada babari. Béda deui mun ngala lauk dina waktuna walungan gedé cai. Biasana ngala lauk di walungan dina usum halodo mah sok diheurap. Dina lebah anu aya caian heurap dirungkupkeun. Dina waktuna diangkat téh laukna sok beunang. Terusna karangan alternatif kahiji Bungah pisan lamun meunang lauk téh. Lamun keur alus milik mah sok meunang lauk gedé. Lauk meunang ngaheurap téh diwadahan kana korang. Mun geus datang ka imah, sok terus diasakan keur deungeun sangu. Terusna karangan alternatif kadua Hanjakal pisan ayeuna mah cai walungan téh geus kotor sabab polusi. Laukna ogé jadi langka, da teu kuateun hirup dina cai kotor. Anu réa di walungan téh lain lauk, tapi runtah. Salah kacida mun urang miceun runth ka walungan téh.
32
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
PANGAJARAN 4 Tema : Gotong Royong Bahan : Téks Paguneman Waktu : Tilu minggu Dina pangajaran ayeuna murid diwanohkeun kana téma gotong royong. Tangtu waé anu dimaksud gotong royong pikeun murid kelas IV SD mah cukup ku hal-hal nu basajan waé. Pangajaran dibuka ku ngaregepkeun paguneman, ari anu jadi bahan obrolanana ngeunaan ngapalkeun babarengan. Ieu téh pikeun ngukur kamampuh murid dina mahamkeun eusi wacana ngaliwatan kagiatan ngaregepkeun. Dina bagian saterusna murid diwanohkeun kana rupa-rupa istilh kadaharan nu aya di sawatara wewengkon. Ditambahan ku latihanana deuih, boh nu ngawengku istilah kadaharan boh wangun kecap atawa morfologis
KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. MACA JERO HATE No.
Kagiatan
1.
Dina tilu pangajaran saméméhna, murid dibéré pancén maca bedas. Tangtu waé dina kagiatan maca téh aya aspék ngaregepkeun, najan lain dina posisi utama. Tah dina pangajaran ayeuna ngaregepkeun téh ditempatkeun dina posisi utama.
2.
Ku guru diterangkeun, naon ari anu dimaksud ngaregepkeun, nyaéta ngagunakeun indra pangrungu samaksimal mungkin pikeun nangkep naonnaon anu kadéngé dina kagiatan ngagunakeun basa.
3.
Sakabéh murid sina muka buku babon pangajaran basa Sunda. Dina Pangajaran 4 téh aya wacana anu winangun téks paguneman, judulna “Ngapalkeun Babarengan”. Tokohna aya opat budak, nyaéta Yusuf, Veronika, Zaki, jeung Rahmi anu keur paguneman. Ngahaja tokohna téh dua lalaki, jeung dua awéwé.
4.
Dina ieu wacana aya ngaran tokoh anu maké aksara “v” jeung “z”. Lian ti éta dina eusi wacana aya kecap anu ngagunakeun aksara “q”. Murid ngahaja diwanohkeun kana éta tilu aksara, sabab kiwari mah éta aksara téh geus ditampa jadi bagian tina basa Sunda. Bab 2 Pituduh Husus
33
5.
Ieu wacana sina dibasa heula ku sakabéh murid dina jero haté. Maksudna mah pikeun neuleuman eusina, sangkan engké dina macana kajiwaan, sarta murid anu kabagian ngaregepkeunana bisa nangkep kana eusi bacaan.
6.
Ku guru dicontoan heula kumaha prak-prakan maca téks paguneman, boh lebah artikulasina boh lebah lentongna. Artikulasi di dieu utamana dina ngalisankeun kecap anu ngagunakeun aksara “v”, “z”, jeng “q”
7.
Ti dinya ku guru ditangtukeun heula, saha nu jadi Yusuf,Veronika, Zaki, jeung Rahmi. Éta murid nu opatan téh sina maca di hareupeun babaturanana. Mun geus réngsé dibaca, alusna mah dibalikan deui ku anu séjén, meunang dua-tilu balikan mah.
8.
Sajeroning téksna dibaca, murid anu teu kagiliran maca sina enya-enya ngaregepkeun. Ku guru kudu dititénan bisi aya murid anu kurang daria.
B. NGAJAWAB PANANYA No.
Kagiatan
9.
Sanggeus réngsé ngaregepkeun, buku pangajaran basa Sunda kudu ditutupkeun. Murid sina ngajawab pertanyaan anu patali jeung eusi wacana. Saban pertanyaan dibaca ku guru, terus sina dijawab sacara bagilir.
10.
Sakur jawaban murid alusna dibahas babarengan. Murid anu bener ngajawabna kudu dipeunteun.
11.
Pikeun patokan meunteun, jawaban tina skur pertanyaan téh kieu: 1. Zaki. 2. Di imah Rahmi. 3. Sabab di imah Rahmi keur loba sémah. 4. Bibina Rahmi, matuhna di Kuningan. 5. Peuyeum ketan jeung kiripik gadung. 6. Ngabahas PR pangjaran basa Sunda jeung ngapalkeun susuratan tina AlQuran. 7. Rék dités geus apal encanna susuratan tina Al-Quran. 8. Surat Al-Humazah jeung Al-Kafirun. 9. Yusuf. 10. Guru ngaji di madrosah
34
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
C. NGADISKUSIKEUN KADAHARAN HAS DAÉRAH No.
Kagiatan
12.
Dina wacana disabit-sabit ngaran kadaharan has Kuningan, nyaéta peuyeum ketan jeung kiripik gadung. Ku guru diterangkeun anu dimaksud peuyeum ketan jeung kiripik gadung, kaasup kumha cara nyieunna.
13.
Saterusna guru nerangkeun rupa-rupa kadaharan has daérah séjénna nu aya di Jawa Barat, kayaning: dodol tahu tauco wajit simping borondong taleus galéndo kurupuk udang endog penyu buah ulén kécap tauco hui Kacida alusna mun sajeroning nerangkeun éta kadaharan téh bari aya barangna, atawa sakurang-kurangna gambarna. Ieu ngaran kadaharan anu diterangkeun téh engkéna kudu didiskusikeun.
14.
Murid dibagi jadi tilu kelompok, dipacarukkeun awéwé jeung lalaki. Saban kelompok dibéré tugas néangan katerangan kadaharan has daérah sakumaha anu aya dina sual. Maranéhna bisa tatanya atawa néangan katerangan tina sumber séjén. Saterusna sakur katerangan anu dikumpulkeun téh didiskusikeun di kelompok masing-masing, geus kitu terus dipedar hareupeun saréréa.
15.
Pikeun patokan guru dina ngajén katerangan anu dikumpulkeun ku murid, bisa dititénan sakumaha ieu di handap: Kelompok 1 Kadaharan has ti Sumedang: tahu Kadaharan has ti Cililin: wajit Kadaharan has ti Cirebon: tarasi jeung kurupuk udang Kadaharan has ti Purwakarta: simping Kadaharan has ti Majaléngka: kécap Kelompok 2 Kadaharan has ti Garut: dodol Kadaharan has ti Ciamis: galéndo Kadaharan has ti Sukabumi: endog penyu jeung moci Kadaharan has ti Bogor: taleus Kadaharan has ti Cilembu: hui
Bab 2 Pituduh Husus
35
Kelompok 3 Kadaharan has ti Cianjur: tauco Kadaharan has ti Majalaya: borondong Kadaharan has ti Indramayu: kurupuk udang jeung buah Naon ari kadaharan has ti Malangbong: ulén jeung ladu Kadaharan has ti Subang: ganas
D. NGALISANKEUN KECAP No.
Kagiatan
16.
Dina bagian awal geus ditétélakeun yén dina Pangajaran 4 téh murid diwanohkeun kana aksara “v”, “z”, jeung “q”. Saterusna dina ieu bagian murid dilatihkeun ngucapkeun kecap anu ngagunakeun éta aksara.
17
Guru méré conto ngucapkeunana. Mimitina ngucapkeun kecap saterusna ngucapkeun éta kecap dina susunan kalimah:
Zaki Véronika Al-Quran Al-Humazah Maqbul
→ Zaki → Véronika → Al-Quran → Al-Humazah → Maqbul
1. 2. 3. 4.
Ari Zaki rék ka mana, kitu? Di imah Véronika wé. Keun wé rada jauh mah, nya? Terus deuih urang kudu ngapalkeun susuratan tina Al-Quran. Untung Véronika mah geus apal Surat Al-Humazah jeung AlKafirun. 5. Apan di madrosah sok diajar ka Ustad Maqbul.
18.
Murid sina nurutan ngucapkeun sakumaha anu dicontokeun ku guru. Saterusna saban murid sina ngalisankeun kalimah anu geus disayagikeun. Saréréa kudu kabagian, dibagilirkeun.
19.
Kudu enya-enya ditengetan, bisi aya murid anu tacan enya-enya jelas dina artikulasina.
36
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
E. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH No.
Kagiatan
20.
Pangajaran ngeunaan kalimah dina ieu bagian saenyana pikeun nerangkeun kalimah aktif jeung kalimah pasif.Tapi tangtu waé ka murid mah teu kudu dibahas tepi ka lebah dinya, da tacan waktuna. Maranéhna cukup ku dibéré conto yén prédikat dina kalimah téh aya anu maké rarangkén hareup nasal anu nuduhkeun kalimah aktif, jeung rarangkén hareup di- anu nuduhkeun kalimah pasif.
21.
Kecap anu dipaké conto téh ngawengku: 1. mawa → dibawa Rahmi mawa oléh-oléh ti Kuningan. Oléh-oléh ti Kuningan dibawa ku Rahmi. 2. maca → dibaca Udan maca buku carita wayang. Buku carita wayang dibaca ku Udan. 3. nyeuseuh → diseuseuh Heryanto nyeuseuh baju kotor. Baju kotor diseuseuh ku Heryanto. 4. maké → dipaké Hésti maké sapatu olahraga. Sapatu olahraga dipaké ku Hésti. 5. maraban → diparaban Bangbang maraban anak manuk. Anak manuk diparaban ku Bangbang. 6. ngahurungkeun → dihurungkeun Sarah rék ngahurungkeun kompor. Kompor rék dihurungkeun ku Sarah. 7. ngasah → diasah Ruswéndi ngasah péso raut. Péso raut diasah ku Ruswéndi. 8. nyébor → dicébor Farida nyebor tangkal kembang. Tangkal kembang dicébor ku Farida.
Bab 2 Pituduh Husus
37
9. ngocorkeun → dikocorkeun Geugeu ngocorkeun cai tina bak. Cai tina bak dikocorkeun ku Geugeu. 10. meulahan → dibeulahan Ageng meulahan awi keur bahan pager. Awi keur bahan pager dibeulahan ku Ageng. 22.
Saban kalimah ku murid sina digalantangkeun, tepi ka maranéhna paham naon bédana mawa jeung dibawa, atawa ngadahar jeung didahar, upamana.
F. NGEUSIAN KALIMAH No.
Kagiatan
23.
Pangajaran dina ieu bagian raket patalina jeung bagian saméméhna, nyaéta kecap pagawéan anu ngawangun kalimah aktif jeung kalimah pasif. Lamun dina bagian saméméhna murid ukur dibéré pancén ngagalantangkeun kalimah, tah dina bagian ieu mah sina migawé latihan. Tugas anu kudu dipigawé ku murid téh nyaéta ngalengkepan kalimah ku kecap pagawéan. Disayagikeun dua kecap pikeun dipilih, anu maké rarangkén hareup nasal, jeung anu maké rarangkén hareup di-.
24
Ieu tugas bisa dipigawé babarengan, dituyun ku guru. Saban murid bagilir sina ngeusian kalimah ku kecap anu geus disayagikeun. Dina latihan téh ngahaja ditukeur-tukeur posisina antara kalimah aktif jeung kalimah pasif.
25
Kecap anu kudu dieusiken sangkan kalimahna bener nyaéta: 1. ngaduruk – diduruk a) Kang Momo ngaduruk runtah. b) Runtah diduruk ku Kang Momo. 2. ngadahar – didahar a) Pais lauk didahar ku ucing. b) Ucing ngadahar pais lauk. 3. mulas – dipulas a) Témbok kamar dipulas ku Kang Oha. b) Kang Oha mulas témbok kamar. 4. nyieun – dijieun a) Héryati rék nyieun bobonékaan. b) Bobonékaan rék dijieun ku Héryati.
38
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
5. nyangcang – dicangcang a) Aki Sasmita nyangcang domba jalu. b) Domba jalu dicangcang ku Aki Sasmita. 6. ngarang – dikarang a) Guguritan dikarang ku Bapa Guru. b) Bapa Guru ngarang guguritan. 7. ngampihkeun – diampihkeun a) Nénéng ngampihkeun baju meunang ngistrika. b) Baju meunang ngistrika diampihkeun ku Nénéng. 8. ngabedahkeun – dibedahkeun a) Balong di lebak dibedahkeun ku Aki Haji. b) Aki Haji ngabedahkeun balong di lebak. 9. nerangkeun – diterangkeun a) Cara-cara ngarang diterangkeun ku Ibu Guru. b) Ibu Guru nerangkeun cara-cara ngarang. 10. nyaritakeun – dicaritakeun a) Pangalaman ka Taman Safari dicaritakeun ku Wéni. b) Wéni nyaritakeun pangalaman ka Taman Safari.
G. MACA BEDAS No.
Kagiatan
26.
Dina ieu bagian disadiakeun wacana déskripsi pikeun dibaca bedas ku murid. Ieu wacana téh piken ngajembaran kaweruh murid patali jeung téma gotong royong. Mun dina wacana saméméhna anu dicaritakeun téh sikep sauyunan dina urusan ngapalkeun babarengan, tah dina wacana nu ieu mah ambahanana dilegaan deui, nyaéta gotong royong nyieun lapang voli.
27
Guru nugaskeun murid sangkan maca dina jero haté heula. Maksudna sangkan maranéhna paham kana eusina. Geus kitu kakara dibaca bedas, dibagilirkeun.
28.
Murid dibéré tugas nytetkeun kecap anu tacan kaharti maksudna. Saterusna éta kecap téh kudu diterangkeun ku guru.
Bab 2 Pituduh Husus
39
H. MOLAHKEUN PAGUNEMAN No.
Kagiatan
29.
Dina ieu bagian disayagikeun téks paguneman anu kudu dipolahkeun ku murid. Aya dua wacana; nu kahiji judulna “Langlayangan Oray-orayan”, nu kadua “Ulin kana Sapédah”.
30
Eusi ieu wacana paguneman téh sarua masih patali jeung téma gotong royong. Bédana, dina wacana kahiji mah ngagunakeun basa Sunda ragam hormat, ari din wacan kadua basa Sunda ragam loma.
31.
Murid ditugaskeun maca dina jero haté. Geus kitu guru nangtukeun tokoh anu paguneman dina wacana. Sakabéh murid kudu kabagian peran. Saméméhna ku guru kudu dicontoan heula kumaha prak-prakan molahkeunana.
32.
Sakur murid anu kabagian tugas kudu molahkeun paguneman saluyu jeung tokohna. Ku guru kudu dipeunteun, kahiji dina lebah macana, jeung kadua éksprésina.
40
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
PANGAJARAN 5 Tema : Kaulinan jeung Olahraga Bahan : Prosa Déskripsi Waktu : Tilu minggu Téma anu kudu dipidangkeun dina Pangajaran 5 téh ngeunaan kaulinan jeung olahraga. Aya tilu wacana utama anu kudu dibaca ku murid, ngan dina midangkeunana ngeunaan olahraga heula, geus kitu kakara wacana anu medar kaulinan. Téma olhraga aya anu ditulis winngun prosa déskripsi, jeung aya anu mangrupa téks paguneman. Ari wacana ngeunaan kaulinn dipidngkeun dina wangun prosa déskripsi. Pikeun nambahan kaweruh murid, dina ieu pangajaran diwuwuh ku rupa-rupa istilh ngeunaan babagian awak katut gambarna. Di bagian panutup dipidngkeun latihan ngarang nu medar prak-prakan kaulinan.
KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. MACA DINA JERO HATÉ No.
Kagiatan
1.
Sakabéh murid muka buku pangajaran basa Sunda. Pangajaran mimiti nyaéta maca dina jero haté. Ieu téh anu munggaran pikeun di kelas III, anu saméméhna mah murid téh ukur dibéré pancén maca bedas.
2.
Saméméhna ku guru diterangkeun heula, naon ari anu dimaksud ku éta kagiatan. Dina gurat badagna mah maca dina jero haté téh maca bari teu ngaluarkeun sora. Ukur panon anu museur kana téks. Ku kituna ku guru kudu ditandeskeun yén dina kagiatan maca dina jero haté mah dipahing gandéng.
3.
Éta wacana sina dibaca dina jero haté ku sakabéh murid. Dibéré waktu kirakira lima tepi ka sapuluh menit. Dina prakna maca, guru kudu niténan bisi aya murid anu kurang saregep dina ngalaksanakeunana.
4.
Sajeroning maca téh murid sina nyatetkeun sakur kecap anu tacan kaharti maksudna. Engké ku guru diterangkeun.
Bab 2 Pituduh Husus
41
B. NGALENGKEPAN KALIMAH No.
Kagiatan
5.
Wacana anu tas dibaca dina jero haté téh kudu kacangkem eusina. Saterusna murid dibéré pancén ngalengkepan kalimah, patali jeung eusi wacana.
6.
Ieu pancén sina dipigawé dina buku tulis. Hasil pagawéan maranéhna terus dibahas babarengan. Murid sina bagilir maca kalimah anu ditulis ku masingmasing, anu sjén ngabarandungan.
7.
Pikeun padoman dina ngajén hasil pagawéa murid, bisa dititénan sakumah anu aya ieu di handap: 1. Jalan Galumpit teu sakumaha ramé téh sabab ukur jalan désa. 2. Ngadadak ramé téh biasana dina poé Ahad, sabab loba anu olahraga. 3. Ari anu dimaksud joging téh nyaéta lumpat lalaunan bari sok leumpang heula mun geus karasa capé mah. 4. Jalanna nanjak, anu keur joging téh sok ngoprot késang. 5. Di tonggoheun Galumpit téh ngajegir gunung. 6. Lamun diukur jauhna kira-kira aya opat kilométer mah. 7. Raména anu joging téh lamun geus geus wanci haneut moyan. 8. Anu tarumpak sapéda ka tonggoh teu barisaeun tarik. 9. Lobana tatangkalan nyababkeun hawa karasa seger. 10. Indit ka gunung pikeun olahraga atawa bari sakalian piknik. 11. Joging kaasup olahraga anu babari dipigawéna. 12. Pangna kitu téh lantaran saréréa gé bisa. 13. Ari badminton mah teu bisa mun ukur sorangan. 14. Olahraga anu kudu réaan upamana maén bal. 15. Tujuan urang olahraga téh pikeun miara kaséhatan badan.
C. MACA PAGUNEMAN No.
Kagiatan
8.
Saterusna murid dibéré pancén maca paguneman, eusina masih patali jeung kagiatan olahraga.
9.
Palaku dina paguneman téh nyaéta Nugraha jeung Uwa Angga, ari anu jadi jejer obrolanana perkara maén bal. Ku kituna, ieu paguneman téh dibacana ku duaan, aya anu merankeun Nugraha, jeung aya anu merankeun Uwa Angga.
42
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
10
Ieu paguneman téh pikeun ngalatih murid, kumaha prak-prakanana lamun ngobrol jeung anu umurna saluhureun. Jadi mangrupa latihan dina tatakrama basa. Uwa Angga bisa dianggap wawakil generasi kolot an keur ngadongéng ka Nugraha salaku wawakil generasi budak. Uwa Angga nyaritakeun perkara maén bal dina jaman baheula anu ku Nugraha mah teu kaalaman.
11.
Guru nugaskeun murid pikeun maca ieu paguneman dina jero haté heula. Geus kitu kakara ditangtukeun, saha anu merankeun Nugraha, jeung saha nu merankeun Uwa Angga.
12.
Ieu paguneman kudu dipolahkeun di hareupeun kelas, dibarandungan ku murid séjénna. Saméméhna ku guru dicontoan heula cara macana.
13.
Ku guru dicatet saha-sahana murid anu dianggap geus merenahkeun diri jadi tokoh dina paguneman.
D. NGAPALKEUN HARTI KECAP No.
Kagiatan
14.
Dina ieu bagian, guru kudu nerangkeun sasaruaan atawa sinonim sawatara kecap tina wacana anu dianggap hésé. Dina lebah nerangkeunana alus pisan mun guru ngagunakeun gambar, atawa sakapeung bari dipolahkeun, sangkan ku murid kahartieun pisan.
15.
Pikeun ngukur tepi ka mana murid dina nangkep pangajaran, ku guru dites saurang-saurang, sina nyebutkeun harti kecap anu geus diterangkeun. Murid anu séjénna sina ngabandungan, terus méré koréksi mun aya anu salah atawa kurang merenah.
16.
Kecap-kecap anu diterangkeun dina ieu bagian aya patalina jeung pangajaran saterusna dina ngalarapkeun kecap kana kalimah, nyaéta kecap-lecap anu méh padeukeut hartina.
E. NGALARAPKEUN KECAP KANA KALIMAH No. 17.
Kagiatan Dina ieu bagian murid dibéré pancén ngalarapkeun dua kecap kana dua kalimah anu geus disayagikeun. Éta kecap anu kudu dilarapkeun aya anu mangrupa homonim atawa kecap sabalikna, jeung aya kecap anu padeukeut hartina.
Bab 2 Pituduh Husus
43
18.
Ieu pancén téh dipigawéna dina buku tulis. Ku guru dicontoan heula sakumaha anu dipidangkeun dina buku pangajaran. Contona: sakapeung – salilana Dina lebah tanjakan mah sakapeung sok eureun heula. Ah, salilana ogé panonpoé mah bijilna ti beulah kulon. Yén kecap sakapeung téh sabalikna atawa lalawanan tina kecap salilana. Ari kecap anu padeukeut hartina upamana waé dibubuy jeung dibeuleum, anu sarua nuduhkeun kana hiji kagiatan anu ngagunakeun seuneu.
19.
Hasil pagawéan murid dibahas babarengan. Salah saurang murid sina maca kalimah anu ditulisna, dibarandungan ku anu séjén. 1. tutugan gunung – puncak gunung Dina lebah tutugan gunung aya saung paranti reureuh. Nanjak pisan mun leumpang ka puncak gunung mah. 2. haneut moyan – tengah poé Indit ti imah téh waktu haneut moyan, henteu kana ojég. Ulah ngapungkeun langlayangan tengah poé atuh, panas. 3. béntang lapang – béntang baranang Barétona cenah Uwa Angga kungsi jadi béntang lapang. Di langit béntang baranang, tambah éndah pamandangan. 4. dibubuy – dibeuleum Méméh dipaké maén bal, jeruk bali téh kudu dibubuy heula. Lauk emas mah rék digoréng atawa dibeuleum ogé angger ngeunah. 5. ditigrig – diteunggar Kiper anu rék néwak bal téh ditigrig tepi ka labuh ka gigireun gul. Panto pager téh tepi ka ucutan lantaran diteunggar domba anu leupas.
F. NATAAN SESEBUTAN DINA AWAK No.
Kagiatan
20.
Tujuan pangajaran dina ieu bagian nyaéta sangkan murid wanoheun kana ngaran-ngaran atawa sesebutan dina babagian awak urang. Dina wacana disabit-sabit aya kecap bincurang. Nya kecap éta pikeun nyukanganana mah. Alus pisan mun pikeun nerangkeun ieu bagian téh guru ngagunakeun gambar ukuran rubak, ditapelkeun dina bor, utamana dina waktuna murid dités.
21.
Ku guru disebutkeun bari dituduhkeun saban babagian anu aya dina awak, sakumaha anu dibéréndélkeun dina buku pangajaran, nyaéta babagian anu aya dina suku, leungeun, jeung ngaran ramo.
44
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
22.
Sanggeus diterangkeun, saban murid dités sina nyebutan deui éta babagian awak. Anu nuduhkeun gambarna mah bisa guru, bisa murid deuih, sina bagilir.
G. NYUSUN KECAP JADI KALIMAH No.
Kagiatan
23.
Pangajaran dina ieu bagian téh pikeun mentés kamampuh murid dina nyusun kecap jadi kalimah. Materi dina ieu bagian aya patalina jeung pangajaran saméméhna, hususna dina mahamkeun sesebutan babagian awak.
24.
Dina prak migawéna, murid dituyun heula ku cara disayagikeun sawatara kecap anu geus disusun. Cindekna mah maranéhna téh ngan kari nganggeuskeun wungkul. Ieu tugas téh sina dipigawé di imah masing-masing.
25.
Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus ku guru dipeunteun. Pikeu padoman dina meunteun, bisa dititénan ieu di handap. 1. sapédah – labuh – tina – baréd –manéhna – urut – tuur Tuur manéhna baréd urut labuh tina sapédah. 2. katajong – teu – bincurang – nyingcet – bakal – lamun Lamun teu nyingcet bincurang bakal katajong. 3. paku – keuneung – nyeri – lebah – mani – kacugak – dina Kacugak paku mani nyeri dina lebah keuneung. 4. mumuncangan – kaos – kudu – kaki – nutupan – maké – mun Mun maké kaos kaki kudu nutupan mumuncangan. 5. érloji – pigeulang – ogé – biasana – atuh – dina – mah – maké Maké érloji mah biasana ogé dina pigeulang atuh. 6. pilar – siku – labuh – dipaké – tina – nahan – waktu – luhur Siku dipaké nahan waktu labuh tina luhur pilar. 7. ramo – ngitung – dititah – mun – maké – sok – baréto – mah Baréto mah mun dititah ngitung sok maké ramo. 8. jauh – barang – anu – nuduhkeun – curuk – sok – dipaké Curuk sok dipaké nuduhkeun barang anu jauh. 9. jariji – ali – maké – mah – biasana – kénca – dina – lamun Lamun maké ali mah biasana dina jariji kénca. 10. cinggir – sok – téh – sireum – suten – diibaratkeun – dina Dina suten cinggir téh sok diibaratkeun sireum
Bab 2 Pituduh Husus
45
H. NGABANDUNGAN PEDARAN NGEUNAAN KAULINAN No.
Kagiatan
26.
Pangajaran dina ieu bagian téh pikeun ngawanohkeun salah sahiji kaulinan. Ku guru diterangkeun sakumaha anu aya dina buku pangajaran.
27.
Saterusna murid sina maca wacana déskripsi anu nerangkeun prak-prakan kaulinan ucing puntang. Ku guru terus diterangkeun kumaha prak-prakanana, malah leuwih alus lamun terus dipolahkeun. Barudak sina aya nu ka hareup. Cukup opatan gé, terus maranéhna sina molahkeun kaulinan ucing puntang, itung-itung simulasi.
28.
Ieu kaulinan téh ngalatih barudak sangkn bisa rikat, henteu kuuleun. Lamun dina aspék ngawangun karakter, barudak dilatih jujur jeung daék ngaku kaunggulan batur. Lian ti éta, ngalatih sangkan tong gancang putus asa, hususna pikeun budak anu kabeneran keur jadi ucingna.
29.
Kacida alusna mun guru ngbingbing barudak sina molahkeun ucing puntang anu saenyana. Tempatna ogé ulah di jero kelas, tapi di buruan sakola, ngarah laluasa. Guru bakal bisa niténan, saha budak anu gesit, rancingeus, jeung anu kuuleun. Kitu deui bakal kanyahoan sha anu jujur ngaku kaunggulan batur, jeung teu gancang putus asa.
I. NGANGGEUSKEUN KARANGAN No.
Kagiatan
30.
Materi dina ieu bagian masih patali jeung jejer kaulinan barudak. Ari jenis kaulinanana nyaéta ucing sumput.Ayeuna mah murid dibéré pancén nganggeus karangan.
31.
Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Dina minggu hareupna terus dibahas babarengan. Sakabéh karangan ku guru kudu dipariksa, terus dipeunteun.
32.
Ku sabab ngaranna ogé ngarang, tangtu waé saban murid bébas ngutarakeun pamanggihna dina wangun kalimah. Minangka pikeun padoman guru, bisa dititénan sakumaha nu aya ieu di handap.
46
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
UCING SUMPUT Kira-kira tabuh satengah lima soré, barudak keur ulin di buruan. Kabeneran keur teu hujan. Maranéhna rék ulin ucing sumput. Barudak anu keur ucing sumput téh aya limaan, nyaéta Rahmat, Wida, Nurul, Tédi, jeung Komara. Pikeun nangtukeun saha nu jadi ucing, barudak téh hompimpah heula. Anu pangheulana kapilih jadi ucing téh Nurul. Barudak anu opatan deui terus néangan panyumputan. Rahmat nyumput dina tukangeun panto, Wida jeung Komara arasup ka jero garasi, ari Tédi nyumputn téh pipireun imah. Anu pangheulana kapanggih nyumputna nyaéta Tédi. Atuh terus waé Tédi anu jadi ucingna. Barudak anu opatan gancang nyarumput pabunibuni. Saterusna anu kagiliran jadi ucing téh Komara. Ayeuna mah barudak nu opatan téh nyumputna baruni pisan. Komra kudu kukurilingan néangan an keur nyarumput. Sanggeus burit, barudak terus enggeusan, sabab kudu buru-buru mandi. Mn geus bérés mandi, marnéhna kudu terus ka masjid, rék solat magrib. Sanggeus bérés solat terus dialajar ngaji.
Bab 2 Pituduh Husus
47
PANGAJARAN 6 Tema : Sosobatan Bahan : Carpon Waktu : Tilu minggu Carpon atawa carita pondok kiwari geus jadi bagian penting tina dunya sastra Sunda. Murid kelas III mimiti diwanohkeun kana carpon. Tangtu waé ukur carpon basajan, boh ditilik tina basa nu digunakeunana boh ditilik tina eusina. Aya dua carpon anu kudu dibaca ku murid. Anu dipalar maranéhna bisa mimiti wanoh kana ieu karya sastra.Tangtu waé ku guru kudu diterangkeun, naon anu dimaksud carpon téh. Diterangkeunana sacara basajan waé, teu kudu nyosok jero. Anu penting mah barudk téh resep macana, jeung ngarti kana eusina, lain sina apal kana tiorina. Anu diperedih dina kurikulum, carpon ajarkeuneun téh anu témana ngeunaan sosobatan. Ku maca éta carpon, dipiharep rasa sosobatn dina diri barudak beuki kuat.
KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. MACA BEDAS No.
Kagiatan
1.
Dina Pangajaran 6, murid diwanohkeun kana karya sastra anu ditulis dina wangun carita pondok atawa carpon. Kabeneran ieu carpon anu diwanohkeun téh ditulisna ku murid SD. Ku kituna lamun dibaca ku papada budak deui gedé kamungkinan bakal leuwih babari neuleuman eusina atawa ngajiwaanana.
2.
Carpon kahiji judulna”Kastrol Panas”, karangan Déa Lugina. Carpon kadua judulna “Lalajo Lumba-lumba”, karangan Ani Mulyani. Ngahaja deuih anu dipilih téh karangan budak lalaki jeung budak awéwé. Maksudna mah ngarah saimbang dina lebah aspék kajiwaanana. Najan lain hartina carpon karya budak lalaki kudu dibaca ku lalaki deui, atawa jijieunan budak awéwé kudu dibaca ku budak awéwé deui.
3.
Ieu carpon téh anu kahiji macana kudu dibedaskeun, ari nu kadua kudu dibaca dina jero haté. Pangna kitu téh ngarah aya variasi, anu dipalar murid bias ngararasakeun bédana. Ngeunaan prak-prakan maca bedas jeung maca dina jero haté cukup ukur diterangkeun saliwat waé, apanan dina pangajaran saméméhna ogé geus kungsi dipigawé ku murid.
48
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
4.
Ku guru diterangkeun saliwat, naon ari nu dimaksud carpon.Yén carpon téh karangan rékaan anu ditulis dina basa lancaran (prosa). Dina dua carpon anu rék dibaca ku murid eusina nyaritakeun pangalaman diri sorangan.
5.
Mimitina guru nugaskeun murid pikeun maca bedas carpon kahiji, dibagilirkeun, upamana waé saurangna opat atawa lima alinéa séwang. Hal éta mah gumantung kana panjangna. Sajeroning dibaca, murid anu séjénna sina ngabarandungan.
B. MACA DINA JERO HATÉ No.
Kagiatan
6.
Sanggeus réngsé maca carpon kahiji, diteruskeun kana carpon kadua. Sakur murid sina nyanghareupan wacana nu kudu dibaca dina jero haté.
7.
Lamun ditilik tina eusina, ieu carpon kadua téh tingkat kasulitanana leuwih luhur batan carpon kahiji. Mémang enya, duanana gé nyaritakeun lalampahan, tapi dina ieu carpon leuwih mindeng nyaritakeun hasil nengetan palakuna. Ari dina carpon kahiji mah gegedéna nyaritakeun lalampahan anu nonggérak.
8.
Saréngséna dibaca, guru ngasongkeun pertanyaan ka murid, naha maranéhna bisa nangkep kana eusi éta carpon. Guru bisa waé neruskeun pertanyaan, resep mana maca carpon kahiji jeung carpon kadua. Jawaban murid tangtuna gé rupa-rupa. Keun waé, hal éta nuduhkeun tingkat aprésiasi maranéhna.
C. NYUSUN PERTANYAAN No.
Kagiatan
9.
Dina pangajaran nu geus karaliwat, saréngséna mca hiji wacna téh murid dititah ngajawab pertanyaan ngeunaan eusi wacana, boh lisan boh tinulis. Tah ayeuna mah dibalikkeun, murid sina diajar nyusun pertanyaan, dumasar kana jawaban anu geus disayagikeun. Pertanyaan anu kudu disusun ku murid téh kudu dumasar kana eusi wacana. Éta pertanyaan téh dipigawéna dina buku tulis.
10.
Ieu tugas téh dipigawéna babarengan, dibagi jadi dua kelompok. Kelompok kahiji kudu nyusun pertanyaan dumasar kana carpon kahiji, ari kelompok kadua dumasar kana carpon kadua. Dip;iharep murid barisaeun ngalarapkeun kecap pananya dina kalimah, kayaning saha, naon, kumaha, ka mana, kumaha, jeung naon sababna. Bab 2 Pituduh Husus
49
11.
Hasil pagawéan kelompok dibahas babarengan. Saban pertanyaan anu disusun ku murid sina dibaca sacara bagilir, dibarandungan ku anu séjén. Hasil pagawéan maranéhna ku guru kudu dipeunteun.
12.
Pikeun padoman dina meunteun, bisa dititénan sakumaha ieu di handap: Kelompok 1 1. Pertanyaan: Saha anu datang nyampeurkeun Udin téh? Jawaban : Anu datang nyampeurkeun Udin téh nyaéta Asép. 2. Pertanyaan: Naon sababna Udin ngarénjag? Jawaban : Sabab ngarasa reuwas tepi ka ampir ngahéden kai jati. 3. Pertanyaan: Naon tujuan Asép nyampeur Udin téh? Jawaban : Asép nyampeur Udin téh rék ngajak ngaliwet. 4. Pertanyaan: Bogaeun naon waé Udin keur bekel ngaliwet téh? Jawaban : Udin ngan bogaeun béas jeung céngék wungkul. 5. Pertanyaan: Ti dinya terus arindit ka mana Asép jeung Udin téh? Jawaban : Asép jeung Udin nyampeur Si Peucang jeung Si Ajat. 6. Pertanyaan: Saha ari ngaran asli Si Peucang téh? Jawaban : Si Peucang téh ngaran aslina Unang. 7. Pertanyaan: Naon sababna maké disebut Si Peucang? Jawaban : Disebut Si Peucang téh lantaran tarik lumpatna. 8. Pertanyaan: Saha ari ngaran aslina Si Ajat? Jawaban : Si Ajat ngaran aslina Ujang Sopandi. 9. Pertanyaan: Naha maké disebut Si Ajat? Jawaban : Disebut Ajat sotéh pédah jago maén bal. 10. Pertanyaan: Di mana barudak téh ngaliwetna? Jawaban : Ngaliwetna di kebon Aki Undang. 11. Pertanyaan: Ari Asép kabagian mawa naon waé? Jawaban : Asép kabagian mawa suluh jeung uyah. 12. Pertanyaan: Dikumahakeun snggeus liwet asak téh? Jawaban : Liwet téh diwadahan kana daun cau. 13. Pertanyaan: Kumaha barudak téh daharna? Jawaban : Barudak téh daharna mani paronyo pisan. 14. Pertanyaan: Naon sababna barudak lalumpatan? Jawaban : Barudak lalumpatan sabab aya Aki Undang. 15. Pertanyaan: Naon sababna Aki Undang ngagorowok waktu najong bujur kastrol? Jawaban : Sabab bujur kastrol téh panas.
50
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Kelompok 2 1. Pertanyaan: Di mana tempatna pintonan lumba-lumba téh? Jawaban : Tempatna di lapangan Tugu Bandung Lautan Api, Tegallega. 2. Pertanyaan: Iraha biasana sok loba nu lalajona? Jawaban : Ari poé Minggu mah sok loba pisan anu lalajo. 3. Pertanyaan: Sajaba ti barudak, saha waé nu lalajo pintonan lumbalumba téh? Jawaban : Anu lalajo téh aya ibu-ibu jeung bapa-bapa. 4. Pertanyaan: Sato naon anu sina dadangsaan téh? Jawaban : Anu sina dadangsaan téh nyaéta anjing laut. 5. Pertanyaan: Kumaha carana anjing laut ngajawab itungan? Jawaban : Anjing laut ngajawab ku ngagoyangkeun bél. 6. Pertanyaan: Kumaha mimitina lumba-lumba téh waktu ngajawab sual? Jawaban : Mimitina mah lumba-lumba téh ngajawabna salah. 7. Pertanyaan: Kumaha sikep panongton waktu lumba-lumba bener ngajawab sual? Jawaban : Panongton surak ngarasa bungah. 8. Pertanyaan: Saha aria nu tinggalejebur ka balong? Jawaban : Anu tinggalejebur ka balong téh Bapa Badut. 9. Pertanyaan: Kumha harita lumba-lumba téh? Jawaban : Lumba-lumba nulungan Bapa Badut. 10. Pertanyaan: Saterusna lumba-lumba téh dititah naon? Jawaban : Lumba-lumba ngajlengan buleudan seuneu. 11. Pertanyaan: Sato naon anu tumpak paparahuan? Jawaban : Anu tumpak paparahuan téh lutung leutik. 12. Pertanyaan: Terus dikumahakeun éta paparahuan téh? Jawaban : Paparahuan disurung ku lumba-lumba. 13. Pertanyaan: Saha ari nu dicium ku lumba-lumba? Jawaban : Anu dicium ku lumba-lumba téh panongton. 14. Pertanyaan: Sanggeus pintonan réngsé, barudak dibagi naon? Jawaban : Barudak dibagi jidar hiji séwang. 15. Pertanyaan: Kumaha perasaan pangarang sanggeus lalajo pintonan lumba-lumba? Jawaban : Resep tapi bari karunya nempo sasatoan bisa maén téh.
Bab 2 Pituduh Husus
51
D. NYARITAKEUN EUSI CARPON No.
Kagiatan
13.
Ku maca dua carpon, murid dipiharep bisa pahm kana eusina. Patali jeung pangjaran di luhur, lamun murid barisaeun nyusun pertanyaan, éta ogé kaasup geus mampuh nangkep eusi carpon. Cara séjénna pikeun ngukur kamampuh murid dina mahamkeun carpon nu geus dibacana nyaéta nyaritakeun deui eusina. Dina hal ieu, murid sina nyaritakeun tingkesan carpon anu geus dibacana. Sajaba ti pikeun mahamkeun eusina, murid dilatih nyarita deuih, utamana dina lebah kawanterna.
14.
Saterusna murid dibéré pancén nyaritakeun eusi carpon dina ungkara anu disusun ku dirina sorangan. Pikeun conto, dina buku pangajaran dipidangkeun conto nyaritakeun eusi carpon nu judulna “Kastrol Panas”. Udin diajak ngaliwet ku Asép, tempatna di kebon Aki Undang. Udin jeung Asép nyampeur dua sobatna, nyaéta Unang jeung Ujang Sopandi. Udin mawa béas sakilo jeung céngék. Asép mawa suluh jeung uyah. Unang mawa asin. Ajat mawa kastrol jeung coét. Sanggeus tepi ka kebon Aki Undang, prak ngaliwet. Udin kabagian ngurus liwet. Unang meuleum asin, Ujang Sopandi nyambel, ari Si Asép ngala sayuran, kayaning bonténg, jeung saladah. Sanggeus asak, liwet diwadahan kana daun cau. Terus waé dalahar, mani ponyo. Keur kitu datang Aki Undang. Barudak lalumpatan, da sieuneun dicarékan. Kastrol panas ku Aki Undang ditajong. Aki Undang panaseun, terus ngajleng kana embel. Sanggeus Aki Undang indit, barudak nyokot liwet anu tadi ditinggalkeun.
15
Tingkesan anu bieu téh sina dibaca bedas ku slah saurang murid, dibarandungan ku anu lian. Ku guru kudu diterangkeun yén anu bieu dibaca téh disebutna tingkesan tina carpon anu geus dibaca. Éta téh sarua waé jeung urang nyaritakeun deui eusi carpon.
16.
Murid sina nyaritakeun eusi carpon kadua ku basana sorangan. Lamun katimbang hésé, ku guru bisa dicukangan heula, sangkan murid boga gambaran anu jelas kana eusi éta carpon, tepi ka mampuh nyaritakeun deui.Anu dimaksud nyukangan di dieu nyaéta ku ngasongkeun rupa-rupa pertanyaan, terus siona dijarawab ku murid, upamana waé: - Aya pintonan naon di Tegallega téh? - Saha waé anu lalajona? - Naon anu dipintonkeun dina acara mimiti? - Ari anu dipintonkeun ku lumba-lumba naon waé? - Kumaha sanggeus pintonan réngsé? Lamun murid mmpuh ngajawab éta pertanyaan, hartina manéhna geus bisa nyaritakeun deui eusi carpon dina tingkat anu basajan.
52
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
17.
Lamun disusun dina ungkara kalimah dina wangun paragraf, anu dicaritakeun ku murid téh kira-kira kieu: Di Tegallega aya pintonan lumba-lumba. Anu lalajona lolobana barudak. Anu dipintonkeun dina acara mimiti nyaéta anjing laut sina dadangsaan, terus dititah ngitung. Anu dipintonkeun ku lumba-lumba téh rupa-rupa. Mimitina sina ulin bal, terus dititah ngitung. Ari anu matak paur mah waktu lmba-lumba sina ngajlengan seuneu dina buleudan beusi. Dina bagian panungtung, lumba-lumba téh dititah nyium panongton. Sanggeus pintonan réngsé, barudak dibagi jidar hiji séwang.
E. NGAPALKEUN HARTI KECAP No.
Kagiatan
18.
Dina carpon anu dibaca ku murid aya sawatara kecap anu diterangkeun hartina. Sajaba ti au geus dipidangkeun dina buku pangajaran, bisa waé ditambahan ku kecap séjénna anu dipilih ku murid.
19.
Dina nerangkeun harti kecap, bakal leuwih alus lmun guru ngagunakeun alat peraga, di antarana gambar parabot dapur jeung gambar babagian imah.
20.
Kecap anu kudu diterangkeun hartina téh minimal ngawengku: - bancunur = melendung sabab tidagor - ngahéden = tidagor - sori = maap - kacatur = kacaritakeun - calakan = pinter - inggis = paur atawa sieun - embel = leutak jero di sawah - paronyo = ngarasa ngeunah atawa ni’mat - hateup = bagian luhur anu nutupan wangunan - bangus = sungut sasatoan bagian hareup - héman = boga rasa nyaah - kastrol = pakakas atawa parabot paranti ngaliwet
21.
Tina béréndélan kecap di luhur, aya sawatara di antarana anu bisa dipolahkeun dina wangun gerak. Kecap ngahéden, upamana, ku guru bisa dipolahkeun. Kitu deui kumaha ari nu dahar paronyo.
22.
Éta harti kecap téh ku murid sina diapalkeun. Saterusna ku guru dités saurangsaurang, sina nataan hartina.
Bab 2 Pituduh Husus
53
F. NYEBUTKEUN GUNANA PAKAKAS No.
Kagiatan
23.
Ieu pangajaran téh nyambung jeung carpon kahiji. Di dinya disebut-sebut ngaran pakakas atawa parabot dapur, nyaéta kastrol. Dina éta carpon disebutkeun deuih, naon ari gunana kastrol, nyaéta paranti ngaliwet.
24.
Saterusna dibéréndélkeun sawatara pakakas atawa parabot dapur lianna, kayaning panci, sééng, katél, coét jeung mutu, talenan, parud, jeung blénder. Teu mustahil aya sawatara parabot dapur anu ku barudak dina jaman ayeuna mah geus langka kapanggih, malah boa teu nyahoeun-nyahoeun acan, upamana sééng. Najan kitu, urang terangkeun naon gunana, da éta parabot téh geus jadi bagian tina pakaya budaya Sunda.
25.
Dina nerangkeun naon gunana éta pakakas atawa parabot dapur anu aya dina gambar, guru bisa waé ku cara nanya heula ka murid.Teu mustahil aya di antara maranéhna anu geus apaleun. Katerangan ti hiji murid bisa waé dilengkepan ku katerangan ti murid séjénna. Mun kateranganana geus dianggap bener, guru nugaskeun murid pikeun nyatet dina buku tulis.
26.
Sagemblengna anu kudu diterangkeun ku guru téh ngawengku: - Gunana kastrol pikeun ngaliwet - Gunana panci pikeun naheur cai, ngangeun, ngolek - Gunana sééng pikeun nyangu - Gunana katél pikeun ngagoréng - Gunana coét jeung mutu pikeun ngaréndos samara, nyambel - Gunana talenan pikeun nyiksik atawa ngeureutan - Gunana parud pikeun marud - Gunana blénder pikeun ngalembutkeun atawa ngalemeskeun dahareun
G. NATAAN NGARAN POÉ No.
Kagiatan
27.
Pangajaran dina ieu bagian patali jeung eusi carpon kadua, duméh di dinya disabit-sabit ngaran poé, nyaéta Minggu jeung Senén. Barudak tangtu apaleun, naon waé ari ngaran poé dina jero saminggu. Alusna ku guru diterangkeun yén dina basa Sunda mah anu merenah téh lain poé Minggu, tapi Ahad.
28.
Tujuan ieu pangajaran téh nyaéta sangkan murid paham kana ngaran poé anu patali jeung poé ieu, boh anu rék disorang boh anu geus kaliwat. Katerangan ngeunaan hal ieu geus dijéntrékeun dina buku pangajaran:
54
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Lamun ayeuna poé Senén, kamari téh poé Ahad atawa Minggu (mundur sapoé), ari isukan poé Salasa (maju sapoé). Kamari maksudna sapoé saméméh ayeuna, ari isukan mah sapoé sanggeus ayeuna. Aya deui sesebutn séjénna, nyaéta pagéto jeung mangkukna. Pagéto nyaéta dua poé sanggeus ayeuna. Ari mangkukna mah dua poé saméméh ayeuna. Jadi lamun ayeuna poé Senén, pagéto téh poé Rebo (maju dua poé), ari mangkukna poé Saptu (mundur dua poé) 29.
Murid sina nyebutan ngaran poé anu ngawengku isukan, pagéto, kamari, jeung mangkukna. Sual dibaca ku guru, sina dijawab ku murid saurang-saurang, sacara bagilir, murid séjénna sina ngabarandungan.
30.
Sual jeung jawaban anu ditugaskeun ka murid téh sagemblengna kieu: 1. Lamun ayeuna poé Jumaah, ari isukan poé naon, jeung ari kamari poé naon? Jawabanana: Saptu jeung Kemis. 2. Lamun ayeuna poé Ahad, ari kamari poé naon, jeung ari isukan poé naon? Jawabanana: Saptu jeung Senén. 3. Lamun ayeuna poé Rebo, ari isukan poé naon, jeung ari kamari poé naon? Jawabanana: Kemis jeung Salasa. 4. Lamun ayeuna poé Saptu, ari kamari poé naon, jeung ari mangkukna poé naon? Jawabanana: Jumaah jeung Kemis. 5. Lamun ayeuna poé Salasa, ari kamari poé naon, jeung ari pagéto poé naon? Jawabanana: Senén jeung Rebo 6. Lamun ayeuna poé Kemis, ari isukan poé naon, jeung ari pagéto poé naon? Jawabanana: Jumaah jeung Saptu 7. Lamun ayeuna poé Ahad, ari pagéto poé naon, jeung ari mangkukna poé naon? Jawabanana: Senén jeung Jumaah. 8. Lamun ayeuna poé Rebo, ari mangkukna poé naon, jeung ari pagéto poé naon? Jawabanana: Senén jeung Jumaah.
Bab 2 Pituduh Husus
55
PANGAJARAN 7 Tema : Hémat Energi Bahan : Prosa Argumxntasi Waktu : Tilu minggu Hirup hémat geus jadi program pamarxntah. Anu disebut hémat téh lain hartina ukur kana duit wungkul, tapi deuih dina sagala widang, kaasup hémat kana xnergi, kaasup listrik, pulsa, jeung gas. Kitu deui cai ogx kudu dihxmat. Hémat kana duit maksudna duit anu dipiboga ku urang ulah dipaké pikeun hal-hal anu teu perlu, mana komo anu matak bahaya mah. Ari hémat kana xnergi maksudna ngagunakeun xnergi ukur lamun keur perlu. Di sagigireun pikeun nambahan kaweruh, materi anu txmana hxmat xnergi the dipiharep bisa ngadeudeul sikep murid dina kahirupan sapopoxna, nyaxta mampuh ngahxmat xnergi jeung sumber alam lianna.
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR A. MACA JERO HATÉ No.
Kagiatan
1.
Wacana ngeunaan téma hémat énergi téh ditulis dina wangun prosa arguméntasi dina tahap basajan. Dina xta wacana dixbrxhkeun naon pangna urang kudu ngahémat énergi
2. 3.
B. NGAJAWAB PANANYA No.
Kagiatan Pikeun padoman guru dina meunteun hasil pagawxan murid, bisi dititxnan sakumaha di handap ieu:
56
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
1. Naon sababna di jalan atawa gang nu poék kudu dilampuan? Jawabanana: sabab lamun poxk mah bisi nu ngaliwat cilaka 2. Iraha kuduna urang nyaangkeun lampu di jero imah? Jawabanana: peuting wungkul, tapi mun rék saré mah teu kudu kabéh sina hurung 3. Pakakas naon waé di antarana anu butuh ku énergi listrik? Jawabanana: kulkas, televisi, jeung kompa cai 4. Bakal kumaha lamun énergi listrik terus-terusan dipaké? Jawabanana: bakal ngurangan, ahirna béak 5. Kumaha contona urang ngahémat énergi listrik téh? Jawabanana: lamun geus teu dilalajoan, televisi gancang pareuman 6. Naon sababna urang kudu ngahémat énergi listrik? Jawabanana: sabab énergi listrik téh kudu dibeuli atawa dibayar 7. Bakal kumaha lamun televisi terus hurung padahal euweuh nu lalajona? Jawabanana: bakal hambur listrik jeung televisina téréh ruksak 8. Naon akibatna mun istrikaan terus hurung padahal geus teu dipaké? Jawabanana: bisa nimbulkeun kahuruan 9. Naon sababna ngahémat listrik téh sarua jeung ngahémat duit? Jawabanana: sabab lamun ngagambur-hambur listrik tangtu bakal hambur duit 10. Kumaha contona mun urang ngahémat cai? Jawabanana: cai ukur dipaké saperluna ulah dipiceunan
C. NGAJELASKEUN CARA-CARA NGAHEMAT No.
Kagiatan Kelompok 1 1. Naon waé cara-cara nu bisa dipigawé mun urang rék ngahémat listrik? 2. Kumaha akibatna mun urang ngahambur-hambur listrik? Jawabanana: Cara-cara ngahxmat listrik nyaxta lamun lampu geus teu dipakx kudu dipareuman, lamun televisi geus teu dilalajoan kudu dipareuman, lamun kipas angin atawa kompa cai geus teu dipakx kudu dipareuman. Mun urang ngahambur-hambur listrik sarua jeung ngahambur-hambur duit, sabab rekening listrik anu kudu dibayar bakal ngagedxan, atawa urang jadi kudu mindeng ngeusi pulsa listrik. Bab 1 Pituduh Umum
57
Kelompok 2 1. Naon waé cara-cara nu bisa dipigawé mun urang rék ngahémat pulsa telepon? 2. Kumaha akibatna mun urang ngahambur-hambur pulsa telepon? Jawabanana: Cara-cara ngahxmat pulsa telepon nyaxta urang ngagunakakeun telepon atawa ngirim sms txh pikeun hal-hal anu penting wax, kitu deui lamun urang nelepon nyaritana cukup saperluna wax, ulah lila-lila teuing atawa ulah panjang-panjang teuing. Mun urang ngahgambur-hambur pulsa telepon sarua jeung ngahamburhambur duit, sabab ari pulsa txh apan kudu dibeuli. Kelompok 3 1. Naon waé cara-cara nu bisa dipigawé mun urang rék ngahémat cai? 2. Kumaha akibatna mun urang ngahambur-hambur cai? Jawabanana: Cara-cara ngahxmat cai nyaxta urang ulah miceunan cai pikeun hal-hal anu teu perlu. Lamun urang ngocorkeun cai tina keran ulah poho tutup deui. Kitu deui dina ngagunakeun kompa cai, lamun bakna geus pinuh kudu gancang dipareuman. Lamun urang ngahambur-hambur cai, dina geus datang usum halodo tangtu bakal saat. Kitu deui lamun urang ngahambgur-hambur cai lxdeng, rxkening anu kudu dibayar bakal ngagedxan. Jadi ngahambur-hambur cai txh sarua jeung ngahambur-hambur duit. Kelompok 4 1. Naon waé cara-cara nu bisa dipigawé mun urang rék ngahémat gas? 2. Kumaha akibatna mun urang ngahambur-hambur gas? Jawabanana: Cara-cara ngahxmat gas nyaxta dihurungkeunana kompos gas txh lmun keur perlu wax. Dina geus teu dipakx, kudu gancang dipareuman deui. Ngahambur-hambur gas txh sarua wax jeung ngahambur-hambur duit. Lian ti xta, lamun kompor gas terus-terusan hurung, komo lamun bari teu ditungguan, bisa nyababkeun kahuruan.
58
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
D. NGALARAPKEUN KECAP SABALIKNA No.
Kagiatan
1.
Tong hayang nu mahal meuli sapatu téh. Geus waé nu murah asal pantes dipakéna.
2.
Ditempo keur di luhur mah kapal terbang téh jiga leutik. Tapi ari geus di handap mah geuning gedé, nya.
3.
Mani capé ngaboséh sapédah di jalan nu nanjak mah. Teu kawas di jalan anu mudun mani hampang.
4.
Tah, nu ieu mah kamar téh lega, bisa asup tempat tidur jeung lomari. Lamun kamar nu di tukang mah heureut.
5.
Sanggeus diberesihan jeung disemprot ku parfum mah, kamar mandi anu tadina bau téh ayeuna jadi seungit.
6.
Ari sugan geus garing sapatu téh, boro rék dipaké olahraga. Geuning ieu mah baseuh kénéh, Jang.
7.
Urang kudu inget kana jasa batur sanajan sakumaha leutikna ogé, peupeujeuh ulah tepi ka poho.
8.
Ulah kandel teuing ngeureutan témpé nu rék digoréng téh, mending sing ipis waé ngarah téréh asak.
9.
Ulah waka dipeuncit ayeuna hayam nu ieu mah, sabab begang. Mending nu jago geura, ngarah lintuh.
10.
Teu kabeneran meuli kadu téh atah kénéh, ari sugan geus asak, da warna kulitna geus konéng.
Bab 1 Pituduh Umum
59
PANGAJARAN 8 Téma : Ngajénan Sasama jeung Hormat ka Kolot Bahan : Téks dongéng Waktu : 3 minggu Ngajénan ka sasama atawa papada, sarta hormat ka kolot—hususna indung-bapa, jadi kawajiban sakumna jalma. Ieu sikep téh kudu sina mimiti tumuwuh ti mangsa budak kénéh. Atikan anu tujuanana ka dinya bisa waé ditepikeunana ngaliwatan média dongéng. Dina pangajaran ayeuna aya tilu dongéng anu baris diajarkeun. Dongéng ngeunaan kumaha kuduna sikep urang dina silih ajénan jeung papada diébréhkeun dina lalakon “Gajah Éléh ku Sireum”. Ari dongéng anu eusina kawjiban urang hormat ka kolot ditepikeun dina lalakon “Emas Warisan Bapa”. Dongéng anu katilu, judulna “Mang Juhéb Dagang Kopéah” leuwih loyog mun dianggap pikeun pangbeberah, sabab eusina pikaseurieun. Sangkan murid meunang gambaran nu leuwih jéntré, guru kudu nerangkeun naon ari nu disebut dongéng katut conto-contona. Aya waktu husus pikeun medarna. Sangkan pedaran ngeunaan dongéng mundel, guru kudu nambahan kaweruh ku maca rupa-rupa dongéng anu aya dina sastra Sunda. Dina bagian pamungkas, murid dibéré tugas néangan dongéng, terus sina didongéngkeun hareupeun babaturanana. Tangtuna ogé dongéng basajan, boh eusina boh basana, anu sakirana kahontal ku alam pikiran murid kelas III.
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR A. MACA BEDAS No.
Kagiatan
1.
Guru nitah murid sangkan maruka buku anu midangkeun Pangajaran 8. Anu rék dibaca ku murid téh téks dongéng, judulna “Gajah Éléh ku Sireum”. Dina ieu dongéng, anu ngalalakon téh bangsa sasatoan, nyaéta gajah jeung sireum.
2
Sina dibaraca heula dina jero haté sangkan katangkep eusina. Ieu dongéng téh ngagambarkeun kalakuan anu ngarugikeun batur dina ahirna bakal meunang wawales. Eusina ngandung picontoeun enggoning ngadidik murid sangkan boga sikep hadé, jeung kumaha laku lampah dina kahirupan sapopoé.
60
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
3.
Guru nitah ka salah saurang murid pikeun maca éta karangan. Guru nyontoan heula cara macana, dua-tilu paragraf. Sajeroning kitu, murid sina saregep ngaregepkeunana.
4.
Hiji karangan bisa dibaca ku tilu atawa opat murid, dibagilirkeun. Sangkan kanyahoan tepi ka mana sikep dina ngaregepkeun, alusna murid anu dibéré pancén maca téh dicékclok.
5.
Mun katimbang perlu jeung waktuna nyukupan, sakabéh murid kudu kabagian giliran maca. Saméméh pindah kana bagian séjénna, guru nanya heula ngeunaan éta dongéng, tepi ka mana rasa resep anu tumuwuh dina diri murid sanggeus ngabandungan eusina. Tumuwuhna ieu sikep penting pisan pikeun ngipuk pendidikan morl atawa étika.
B. MACA BEDAS No.
Kagiatan
6.
Pikeun ngukur tepi ka mana kamampuh dina nyangkem eusi dongéng, murid sina ngajawab pertanyaan sacara lisan.
7.
Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha urang murid, terus maranéhna sina nyieun babandingan antara hiji jawaban jeung jawaban lianna. Guru kudu mukakeun lolongkrang sangkan murid bisa ngasongkeun pamanggihna.
8.
Pikeun padoman dina ngajén jawaban anu diasongkeun ku murid, bisa diténan sakumaha ieu di handap. 1. Kumaha sikep gajah pédah ngarasa jadi sato panggedéna téh? Jawaban: Sikepna sok asa aing, tara ngajénan ka sasatoan séjénna, pangpangna ka sato leutik. 2. Naon sababna sireum ngarasa mindeng dikakaya ku gajah? Jawaban: Sabab sayang sireum téh remen katincak ku gajah tepi ka ancur. 3. Sanggeus diomongan ku pamingpin sireum, naha gajah ngagugu? Jawaban: Gajah henteu ngagugu kana omongan sireum. 4. Kumaha badamina sireum pikeun males ka gajah téh? Jawaban: Sireum nyieun rencana rék males ka gajah. 5. Naon sababna lombang téh ditutupan ku régang jeung dangdaunan? Jawaban: Sabab sangkan ku gajah teu katempoeun aya lombang. 6. Kumaha gajah téh barang ngaliwat ka luhureun lombang? Jawaban: Leumpangna angger kawas sasari, teu nempo tincakeun. Bab 2 Pituduh Husus
61
7. Sanggeus gajah asup kana lombang, terus dikumahakeun ku sireum? Jawaban: Awak gajah terus ditapuk ku sireum, dicocoan, malah aya nu asup kana panon, irung, jeung ceuli gajah. 8. Naon sababna gajah terus ampun-ampunan jeung ngaku éléh? Jawaban: Sabab gajah teu bisaeun ngalawan. 9. Ti harita, kumaha sikep gajah téh lamun inget kana kalakuanana? Jawaban: Gajah sadar kana kalakuanana nu mindeng ngarugikeun batur. 10. Ceuk pamanggih hidep, naon mangpaatna hirup ngahiji? Jawaban: Lamun ngahiji bisa nimbulkeun kakuatan. C. MACA DINA JERO HATÉ No.
Kagiatan
9.
Dongéng anu kadua judulna “Emas Warisan Bapa”. Béda jeung dongéng saméméhna, dina nu kadua mah palakuna téh jelema, ari eusina ngébréhkeun kawajiban anak pikeun hormat ka kolotna. Eusina nyaritakeun tilu sadulur anu dibéré amanat ku bapana pikeun néangan emas anu dikubur tukangeun imah
10.
Murid sina muka buku pangajaran, terus guru nuduhkeun wacana anu kudu dibaca dina jero haté. Geus kitu maranéhna sina ngamimitian maca. Guru niténan kaayaan di jero kelas, bisi aya murid anu caliweura.
11.
Ieu dongéng téh kaitung rada panjang, tur jalan caritana ogé teu salancar kawas dina dongéng “Gajah Éléh ku Sireum”. Ku kituna waktu anu disayagikeun pikeun macana ogé kudu rada panjang. Malah alusna mah maranéhna bisa maca dua-tilu balikan, sangkan eusina enya-enya kacangkem.
12.
Mun geus réngsé dibaca, murid dibéré tugas nyusun kalimah anu patali jeung eusi éta dongéng. Ieu tugas alusna mah sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna dipariksa ku guru bari dibahas babarengan.
D. NYUSUN KALIMAH No.
Kagiatan
13.
Dina buku pangajaran dipidangkeun béréndélan kecap anu kudu disusun jadi kalimah. Ieu téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem dongéng “Emas Warisan Bapa”.
14.
Kalimah anu kudu disusun ku murid téh geus dicukangan heula ku sawatara kecap awal anu geus disusun. Jadi murid mah ngan kari nuluykeun sangkan kalimah anu disusunna anggeus atawa sampurna.
62
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
15.
Hasil pagawéan murid dipariksa, terus dibahas babarengan. Pikeun padoman guru dina mariksana, bisa dititénan sakumaha ieu di handap. 1. emas – keur – ngawaris – dikubur – di tukangeun – bapa – imah – maranéh Bapa ngawaris emas keur maranéh dikubur di tukangeun imah. 2. di lebah – henteu – mana – éta – diterangkeun – dikuburna – téh – ari – emas Henteu diterangkeun ari éta emas dikuburna téh di lebah mana. 3. ku bapana – sadudulur – Salhiam – emas – néangan – anu - dicaritakeun Salhiam sadudulur néangan emas anu dicaritakeun ku bapana. 4. kapanggih – sakitu – dua minggu – geus – téh – ogé – henteu – waé – emas Sakitu geus dua minggu ogé emas téh henteu kapanggih waé. 5. percayaeun – Salwati – bapana – mun – ngabohong – tepi ka – henteu – mah Salwati mah henteu percayaeun mun bapana tepi ka ngabohong. 6. Salhapi – pagawéan – indit – nyiar – ka kota – rék – Salhiam – jeung – pikeun Salhiam jeung Salhapi rék indit ka kota pikeun nyiar pagawéan. 7. maculan – lebar ku – sabab – indit – Salwati – meunang – moal – mah – lahan Salwati mah moal indit sabab lebar ku lahan meunang maculan. 8. jagong – dipelakan – ku tiluan – ahirna – téh – maculan – meunang – lahan Lahan meunang maculan téh ahirna dipelakan jagong ku tiluan. 9. hasil – jagong – panén – ka pasar – dijual – lobana – sawaréh – anu – sakitu Jagong hasil panén anu sakitu lobana sawaréh dijual ka pasar. 10. yén – bener – téh – ahirna – omongan – ngaenyakeun – bapana – maranéhna Ahirna maranéhna ngaenyakeun yén omongan bapana téh bener.
E. NGABANDUNGAN PEDARAN JEUNG CONTO DONGXNG No.
Kagiatan
16.
Anu dimaksud pedaran di dieu lan hrtina kudu mesék téori dongéng, tapi cukup ukur nerangkeun saliwat naon anu dimaksud dongéng, katut contocontona.
Bab 2 Pituduh Husus
63
17.
Matéri pangajarn anu diterangkeun ku guru téh upamana kieu: Dongéng téh rupa-rupa. Dongéng sasatoan di Sunda lolobana dilalakonkeun ku kuya jeung monyét. Disebutna téh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét. Aya dongéng anu nyaritakeun ngala cabé, ngala cau, jeung sajabana. Salian ti éta, aya deuih dongéng anu palakuna Sakadang Peucang. Ari anu palakuna jelema nyaéta dongéng Si Kabayan. Hidep gé tangtu geus kungsi ngadéngé, nya? Dina dongéng Si Kabayan mah lolobana eusina pikaseurieun. Aya dongéng anu nyaritakeun Si Kabayan ngala tutut, ngala nangka, jeung sajabana. Tujuan urang ngadéngékeun atawa maca dongéng téh pikeun hiburan. Sajaba ti éta, dina dongéng téh sok aya conto anu kudu ditiru, jeung conto anu kudu dijauhan. Dongéng “Gajah Éléh ku Sireum” némbongkeun yén jeung papada mahluk kudu silih hargaan. Lamun henteu ngahargaan ka batur, engkéna sok meunang wawales. Contona gajah anu sombong sabab ngarasa jadi sato panggedéna. Gajah henteu ngahargaan ka sireum, da ceuk panyangkana ukur sato leutik.Tapi najan enya gé leutik, lamun geus ngahiji mah sireum téh jadi boga kakuatan, tepi ka bisa ngéléhkeun gajah. Ari dina dongéng “Emas Warisan Bapa” diébréhkeun kanyaah kolot ka barudakna. Kolot anu nyaah ka budakna lain hartina kudu ngogo, tapi kudu ngadidik sangkan bisa hirup sorangan atawa hirup mandiri. Bapa Dulmanan ngadidik barudakna sangkan daék digawé. Tadina mah barudakna nyangka yén Bapa Dulmanan ngawariskeun emas. Padahal anu dimaksud emas dina éta dongéng téh kakayaan atawa harta banda hasil tina digawé. Anu dimaksud digawé dina éta dongéng nyaéta ngolah lahan, terus dipelakan ku tatangkalan anu bisa ngahasilkeun. Lamun teu digawé, éta harta banda téh moal aya.
18.
Sanggeus diterangkeun, dipiharep timbul karesep kana dongéng. Murid mampu ngaprésiasi dongéng anu ditepikeun ka marnéhna. Malah mun bisa mah henteu ngan saukur resep wungkul, tapi deuih bisa nangkep rupa-rupa conto kalakuan anu aya dina éta dongéng.
19.
Pikeun ngalengkepan conto séjénna, murid sina maca dongéng katilu, judulna “Mang Juhéb Dagang Kerepus”. Macana bisa dibedaskeun, bisa deuih dina jero haté. Ieu dongéng téh pikeun panglipur kalbu, pangbeberah manah.
20.
64
Boh maca boh ngabandungan, dipiharep murid bisa nangkep eusi ieu dongéng, sabab aya patalina jeung tugas sapandeurieunana. Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
21.
Alus pisn mun di antara murid aya nu bisaeun ngadongéngkeun deui hareupeun batur sakelasna. Sina ngadongéng di hareup, dibarandungan ku anu séjén.
F. NGALENGKEPAN KALIMAH No.
Kagiatan
22.
Patali jeung dongéng “Mang Juhéb Dagang Kerepus”, pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem pedaran guru jeung eusi éta dongéng, maranéhna dibéré tugas ngalengkepan kalimah ku cara milih jawaban tina nu geus disadiakeun
23.
Murid migawé itu tugas téh dina buku tulis. Hasil pagawéan maranéhna terus dibahas babarengan. Pikeun padoman dina ngabahas pagawéan murid, bisa dititénan ieu di handap 1. Sasatoan anu mindeng ngalalakon dina dongéng Sunda nyaéta ________ a. kuya jeung monyét 2. Eusi dongéng Si Kabayan téh lolobana nyaritakeun anu _____________ b. pikaseurieun 3. Sajaba ti pikeun hiburan, dina dongéng téh ngandung ______________ c. picontoeun 4. Dina dongéng “Emas Warisan Bapa” ngébréhkeun yen urang _________ b. kudu daék digawé 5. Dina dongéng Mang Juhéb dicaritakeun yén manéhna téh __________ b. tukang dagang kopéah 6. Mang Juhéb dagangna teu payu, sabab harita téh __________________ a. keur usum paceklik 7. Mang Juhéb kasaréan di handapeun tangkal kiara, sabab _____________ a. ngarasa lungsé 8. Waktu hudang Mang Juhéb ngarasa kagét sabab ___________________ b. daganganana euweuh 9. Kopéah dagangan Mang Juhéb téh singhoréng ____________________ c. diparaké ku monyét 10. Bakat ku keuheul, ahirna Mang Juhéb ngabantingkeun ______________ a. kopéah nu dipakéna
Bab 2 Pituduh Husus
65
G. MIGAWÉ PANCÉN No.
Kagiatan
24.
Murid dibéré tugas néangan dongéng séjénna. Dongéng anu basajan waé. Maranéhna bisa néangan tina buku dongéng, atawa tina majalah/koran basa Sunda. Lian ti éta, bisa deuih nanyakeun ka kolotna, ka lanceukna, atawa ka saha waé anu sakirana barogaeun dongéng Sunda.
25.
Carana ku guru dijelaskeun heula. Lamun dongéngna meunang ngadéngékeun, kudu dicatet dina buku tulis. Teu kudu panjang-panjang. Minggu hareupna, dongéng meunang nyatetkeun téh sina dibaca di hareupeun kelas.
26.
Murid dititah ngadongéng di hareupeun kelas. Alus pisan mun tepi ka bisa ditalar, lain dibaca. Saban murid nu ngadongéng, ku guru dipeunteun. Alus pisan mun dina saréngséna téh murid disina ngadiskusikeun dongéng anu tas dibarandunganana.
66
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
PANGAJARAN 9 Tema : Miara Lingkungan Bahan : Téks Sajak Waktu : 3 minggu Téma miara lingkungan dina pangajaran ayeuna téh pikeun numuwuhkeun sikep murid salaku mahluk Gusti Alloh anu boga pancén ngariksa lingkungan tempat hirupna. Ieu téma diwadahan dina téks winangun sajak. Murid dilatih maca éndah, anu maksudna pikeun aprésiasi. Kumaha carana murid bisa paham kana eusi sajak. Lian ti éta, maranéhna dilatih nulis sajak deuih, najan karék dina tatahapan anu basajan.
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR A. MACA ÉNDAH No.
Kagiatan
1.
Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana maca éndah, ngaliwatan karya sastra winangun sajak. Naon ari anu dimaksud maca éndah, pedaranana bisa dititénan dina bab saméméhna anu nerangkeun rupa-rupa maca.
2.
Maca éndah dina pangajaran ayeuna tangtu waé ukur dina tatahapan basajan, diluyukeun jeung kamampuh murid kelas III SD. Lantaran anu dibacana winangun sajak, anu dimaksud maca éndah di dieu téh ukur sawates bener tur merenah, ngawengku dina artikulasina jeung dina lentongna, tacan tepi kana tatahapan maca pikeun neleuman karya sastra sacara gembleng.
3.
Saluyu jeung téma anu ditangtukeun dina KI-KD, eusi sajak anu dipidangkeun pikeun dibaca éndah téh medar perkara miara lingkungan. Demi sajakna ditulis dina wangun anu basajan. Sapadana diwangun ku opat jajar, jeung saban jajarna diwangun ku dalapan engang. Cindekna téh sajak anu mangrupa sa’ir. Aya anu purwakantina a-a-a-a, a-b-a-b, jeung a-b-b-a.
4.
Sajak kahiji judulna “Tatar Sunda”, ari sajak kadua judulna “Usum Panén”, tur masing-masing diwangun ku opat padalisan.
5.
Éta sajak anu dua téh ku murid sina dibaraca heula dina jero haté sangkan eusina bisa kajugjugan atawa katangkep. Bab 2 Pituduh Husus
67
6.
Guru méré conto kumaha prak-prakan maca éta sajak, murid sina ngabarandungan. Ku guru dibaca heula sabalikan. Mimiti sajak anu kahiji heula.
7.
Guru maca sapada, sina diturutan ku kabéh murid. Lamun geus réngsé méré conto opat pada, kakara murid dipentés sina maca éndah.
8.
Murid maca éndah saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan. Ngarah saréréa meunang giliran, teu nanaon mun saban murid ukur maca sapada tepi ka dua pada ogé.
9.
Saban murid maca sajak, ku guru kudu diperhatikeun, saha anu macana dianggap geus bener tur merenah. Nya murid anu macana geus bener ur merenah ieu anu dipentés sina maca sajak sagemblengna, di hareupeun babaturanana.
10.
Saterusna maca éndah téh pindah ka sajak anu kadua. Anu ieu mah pola engangna rada béda ti sajak kahiji. Dina pada katilu, aya jajaran anu ngan ukur diwwangun ku opat engang.
11.
Dina maca sajak kadua, mun salah saurang murid keur maca, alusna aya bagian anu sina dibaca babarengan atawa rampak, nyaéta pada katilu, nyaéta lebah: Sieuh, sieuh manuk ulah rék nyampeurkeun hoyah, hoyah manuk ka ditu nyaringkah
B. NGAJAWAB PANANYA No.
Kagiatan
12.
Najan kagiatan utamana maca éndah, tapi tangtu waé dipiharep murid bisa nangkep eusina. Ku kituna, maranéhna ngarti kana maksud anu dikandung dina éta dua sajak.
13.
Saréngséna maca sajak, guru nerangkeun perkara eusina. Dina sajak kahiji, eusina nyaritakeun alam di Tatar Sunda anu kiwari geus robah. Alam geus diganggu ku pamolah jalma-jalma, tepi ka anu tadina éndah téh ayeuna mah ngan kari nineungna waé. Ngamumulé alam téh jadi kawajiban urang saréréa. Dina sajak kadua, eusina nyaritakeun kaayaan di sawah dina rék datang usum panén. Pikeun patani, usum panén téh matak bungah, sabab hasil capé gawé salila molah sawah bakal gancang kaala. Ku kituna wajib ngucapkeun sukur alhamdulillah.
68
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
14.
Pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi sajak, murid dipentés sina ngajawab pertanyaan. Saban murid sina ngajawab, dibagilirkeun. Bisa waé hiji pertanyaan sina dijawab ku sababaraha murid.
15.
Jawaban anu diasongkeun ku murid sacara lisan, terus dibahas babarengan. Pikeun padomanana, bisa dititénan ieu di handap. Sajak 1 1. Naon sababna Tatar Sunda anu gemah ripah ayeuna geus robah? Sabab kiwari geus robah alamna. 2. Saha anu boga gawéna tepi ka kaayaan Tatar Sunda téh jadi kitu? Anu boga gawéna téh jalma. 3. Geus robah jadi kumaha walungan anu asalna caina hérang téh? Ayeuna mah caina kiruh. 4. Naon atuh anu nyésa tina éndahna pamandangan alam téh? Ukur nyésakeun kawaas. 5. Naon sababna gunung téh ayeuna mah jadi loba anu bulistir? Sabab tatangkalanana dituaran. 6. Kawajiban saha ngamumulé Tatar Sunda téh? Kawajiban urang saréréa. 7. Tepi ka iraha urang kudu mikanyaah Tatar Sunda téh? Tepi ka mangsa jaga. 8. Kumaha ari kaayaan lingkungan di sabudeureun hidep cicing? Jawabanana dipasrahkeun ka murid. Sajak 2 1. Kumaha kaayaan sawah di tutugan gunung téh? Paréna mimiti konéng. 2. Naon sababna patani moal ngarasa kaduhung? Sabab téréh cunduk usum panén. 3. Ari barudak di saung ranggon téh keur naraon? Keur ngagebahan manuk. 4. Naon sababna manuk maké diusir sina nyaringkah? Sabab bisi ngahakanan paré.
Bab 2 Pituduh Husus
69
5. Manuk naon waé anu sok daratang ka sawah téh? Manuk piit, galéjra, jeung bondol. 6. Naon hasilna ladang késang capé gawé patani téh? Sawah ngahasilkeun paré. 7. Kudu ngucapkeun naon ku ayana hal éta téh? Kudu ngucapkeun alhamdulillah. 8. Ari di sabudeureun hidep cicing aya sawah? Pék caritakeun. Jawabanana dipasrahkeun ka murid.
C. NGABANDUNGAN PEDARAN MIARA LINGKUNGAN No.
Kagiatan
16.
Pikeun nambahan kaweruh murid ngeunaan miara lingkungan, guru nerangkeun matéri anu ngungkab hal éta. Tujuanan utamana nyaéta sangkan murid engeuh kana kaayaan dirina salaku mahluk anu pangmulyana di ieu bumi, tur ku Gusti Alloh dibéré pancén pikeun miara alam.
17.
Pedaran guru ngeunaan miara lingkungan dicukangan ku hiji wacana anu judulna “Leuweung Sancang Ruksak Parna”. Ieu wacana cukup ku dibaca waé, dibedaskeun, murid sina ngabarandungan. Eusina nerangkeun yén kaayaan di Leuweung Sancang téh ayeuna mah geus ruksak ku sabab pamolah jalma. Leuweung di tempat séjénna ogé beunang disebutkeun kitu deuih, kaayaanana geus ruksak. Tur padahal lamun leuweung ruuksak, hartina kahirupan urang ogé bakal kaganggu.
18.
Ngarah saimbang, guru kudu nerangkeun yén aya ogé jalma anu iklas miara lingkungan. Hal ieu sakumaha anu diébréhkeun dina wacana “Lauk Kancra di Darmaloka”. Dijurung ku rasa tanggung jawab, Bapa Jaénudin miara lingkungan nu mangrupa obyék wisata Darmaloka anu perenahna aya di wewengkon Kabupatén Kuningan.
19.
Satutasna ngabandungan pedaran guru ngeunaan miara lingkungan, murid dipentés sina migawé sual anu patali jeung matéri pedaran.
70
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
D. NGALENGKEPAN KALIMAH No.
Kagiatan
20.
Murid dibéré tugas ngalengkepan kalimah ku kecap anu geus disayagikeun. Sakabéh kalimah anu kudu dilengkepan téh eusina patali jeung miara lingkungan.
21.
Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Dina minggu hareupna ku guru dipariksa, terus dibahas babarengan, jeung dipeunteun.
22.
Pikeun ppadoman guru dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap. Kecap anu kudu dieusikeun kana saban kalimah: 1. d. mahluk 11. g. polusi 2. e. miara 12. m. runtah 3. a. alam 13. h. pelastik 4. i. pakidulan 14. k. lingkungan 5. b. kaboa 15. l. kuncén 6. j. cagar alam 16. n. kancra 7. c. manusa 17. t. sumber 8. r. sasatoan 18. q. jasa 9. s. dunya 19. p. wisatawan 10. f. leuweung 20. o. mulya
E. MAHAMKEUN SAJAK No.
Kagiatan
23.
Matéri ieu pangajaran téh pikeun ngawanohkeun naon anu disebut sajak, sanggeusna dina pangajaran saméméhna aya kagiatan maca éndah sajak. Ku sabab kitu, guru kudu nerangkeun perkara sajak. Teu kudu jero, tapi cukup ukur pedaran saulas waé, sangkan murid bisa ngabédakeun mana sajak, jeung mana anu lain sajak.
Bab 2 Pituduh Husus
71
24.
Guru nyutat salah sahiji pada tina sajak kahiji anu judulna “Tatar Sunda”, nyaéta pada Kaéndahan pamandangan walungan hérang ngagenyas ayeuna kari kenangan ukur nyésakeun kawaas Guru nerangkeun naon anu dimaksud pada dina sajak, yén dina sapada téh diwangun ku opat padalisan, jeung naon anu disebut purwakanti dina tungtung padalisan.
25.
Ti dinya guru kudu ngabandingan, eusi anu sarua, tapi ditullis dina dua wangun anu béda, nyaéta anu winangun sajak jeung anu dina basa lancaran. Hal ieu geus ditétélakeun dina buku pangajaran.
26.
Pedaran guru dina mahamkeun sajak téh minangka pikeun nyukangan murid sina latihan ngarang atawa nulis sajak.
F. NULIS SAJAK No.
Kagiatan
27.
Guru ngamotivasi murid sangkan maranéhna aya karep nulis atawa ngarang sajak. Anu dimaksud ngarang di dieu ukur dina tatahapan munggaran. Anu penting mah maranéhna aya karep ngarang enggoning ngébréhkeun kereteg batinna séwang-séwangan. Anu jadi obyék tulisan maranéhna dipedar heula. Upamana waé sajak anu eusina nyaritakeun kaéndahan alam, kaayaan di sakola, rasa nyaah ka lemah cai, pangalaman anu pikabungaheun, atawa pangalaman anu pikasediheun.
28.
Dina ngamotivasi téh bisa waé ku ngaliwatan heula gambar. Upamana guru némbongkeun kaayaan di sisi basisir. Guru tumanya ka murid, aya perasaan naon sanggeusna nempo éta gambar? Cing pék ku hidep sebutkeun. Tina nyebutkeun, terus dilalanyahan sina nuliskeun sakur perasaan anu ngancik dina dirina, sakumaha anu aya dina buku pangajaran.
29.
Saterusna guru némbongkeun gambar séjénna anu ngébréhkeun kaayaan di suku gunung. Prak-prakanana mah teu béda ti nu geus dilaksanakeun bieu waé. Conto sajak ngeunaan kaéndahan atawa lalampahan ulin ka gunung sakumaha anu dipidangkeun dina buku pangajaran.
72
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
30.
Dina tahap munggaran, tugas nulis sajak anu dibikeun ka murid téh cukup ku ngalengkepan jajaran wungkul, ku kecap-kecap anu geus disayagikeun. Éta tugas pikeun migawé sajak kahiji, judulna “Di Sakola”. Ari pikeun sajak kadua mah murid sina néangan kecap sorangan.
31.
Ieu tugas téh sina dipigawé di imah masing-masing. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus saban sajak anu ditulis ku maranéhna sina dibaca éndah hareupeun kelas, dibarandungan ku anu lian. Sajak anu ditulis ku murid téh kudu terus dipeunteun.
32.
Pikeun padoman guru dina meunteunna, bisa dititénan sajak anu aya di handap. Ieu mah sakadar pikeun babandinganana waé. Sajak 1 Di sakola nyiar élmu diaping ku para guru élmu anu mangpaat keur bekel dunya ahérat
Masing getol kudu rajin kadé kaliwat ngapalkeun saban poé pék disiplin naséhat guru regepkeun
Sajak 2 Ulin ka kebon binatang haté téh ngarasa senang loba sasatoan galak dina kandang teu ngalencar
Sato kabeukina daging maung nu kitu ngaranna ari nu bogaeun sihung apan gajah katelahna
Nempo manuk rupa-rupa dina dahan disarada disarada suka bungah alam asa tambah éndah
Bab 2 Pituduh Husus
73
G. NGAPALKEUN HARTI KECAP No.
Kagiatan
33.
Pangajaran dina ieu bagian téh pikeun ngalegaan kaweruh murid ngeunaan kabeungharan basa Sunda.
34.
Kecap-kecap anu diterangkeun téh meunang nyutat tina wacana atawa pedaran saméméhna. Sina dibaraca dina jero haté, tepi ka maranéhna apal kana sakur kecap reujeung hartina.
35.
Ku guru dipentés sangkan murid nerangkeun hartina, bagilir saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan.
74
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Bab
Pituduh Meunteun
3
A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) 1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur tiap-tiap murid. 2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda guantung kana jumlah komonén dina unggal pangajaran. 3. Komponén anu dipeunteun dicontréng geus tutas acanna. 4. Conto rubrik KKM Pangajaran 8 Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus
Encan
A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN B. MAHAM EUSI KAKAWIHAN C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN E. NGAJEMBARA KAKAWIHAN F.
NGALARAPKEUN KECAP
G. NEMBANGKEUN PUPUH
B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) Kritéria
ALus Pisan (3)
Cukup (2)
Latihan Deui (1)
Ngaregepkeun
Saregep
Kurang saregep
Api lain
Komunikasi nonverbal
Ngaréspon
Kurang réspon
Api lain
Ilubiung
AKtif, silihéledan
Kurang aktif
Cicingeun
Omongan
Nepikeun pamadegan ngaruntuy
Nepikeun pamadegan kurang ngaruntuy
Cicingeun
76
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
Katerangan: 1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun. 2. Cara meunteun : Total peunteun ____________ x 10 12 3. Contona : 2 + 3 + 1 + 2 8 ____________ ____ x 10 = = 6,7 12 12
C. Rubrik Meunteun Sikep No.
Sikep
1.
Taliti
2.
Tanggung jawab
3.
Disiplin
4.
Jujur
5.
Santun
6.
Peduli
7.
Percaya diri
Encan écés
Mimiti écés
Mimiti Mekar
Dibiasakeun
Kat.
D. Rubrik Meunteun Latihan 1. Latihan dipeunteun luyu jeung lobana soal katut hésé banggana. 2. Lamun aya soal latihan 5, tiap soal dibéré peunteun 2, jumlah skorna 10. Jumlah soal (5) X bobot peunteun (2) = 10. 3. Lamun aya soal latihan 10, tiap soal dibéré peuteun 1, jumlah skorna 10. Jumlah soal (10) x booto peunteun (1) = 10.
Bab 3 Pituduh Meunteun
77
E. Daftar Peunteun Murid (Kaweruh jeung Kaparigelan)
No.
Ngaran Murid
Rata-rata Peunteun Tiap Pangajaran 1
2
3
4
5
6
7
8
9
M
1. 2. 3. 4. 5.
F. Refleksi Guru Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna, guru kudu ngajawab pananya ieu di handap. 1. Kumaha prakna pangajaran? Pangajaran mana nu geus éféktif? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 2. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 3. Bahan mana nu geus dikawas ku murid? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 4. Naha aya bahan nu héséeun keur murid? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 5. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha léngkah-léngkahna? .............................................................................................................................. ..............................................................................................................................
78
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
G. Glosarium apik
= taliti
balénan berséka berséka buleneng buruk butut caangna mabra capétang ciciptan
= balikan = apik = apik tur beresih = gundul = goréng = goréng = caang ngebrak, caang pisan = pinter nyarita = ciciptaan, diwangun tina kecap cipta ditambah Rdp+-an, jieunan = eunteup, cicing = cai nu tuluy kaluar tina jero taneuh, biasana dina gawir = jail, julig, resep nyilakakeun batur = ménak = rupa-rupa daun = dibenerkeun = dibére kahakanan = diwangun tina kecap séngléd ditambah rarangkén gabung di-+-keun, hartina diangsrodkeun ka luhur. = daun nu dipetik pucungna wungkul = pupuk = ngeunaheun = tulatén, némbohkeun rasa nyaah ku mindeng ngalongokan/ ngurus = gancang = gagancangan = akur = muriang, paranas turus = arataoh, barungah = waktu samémeh subuh = juru buruan pamiceunan runtah = diwangun tina kecap buyut jeung rarangkén barung ka—an, pancakaki kalima ka luhur atawa turunan katilu; kabuyutan hartina karamat. = kokoét ku kuku = péna, alat paranti nulis maké mangsi = telenges, nganyenyeri
cindeten cinyusu culika dalém dangdaunan diomékeun diparaban disénglédkeun diundeur gemuk genaheun getén geuwat gurunggusuh guyub harééng jaligrah janari jarian kabuyutan
kakaut kalam kaniaya
Glosarium
79
kecap bilangan panangtu = kecap nu nangtukeun wanda bilangan urang keur jalma: Barudak téh aya lima urang., turuy keur cau: Cau téh aya lima turuy., Perékét keur jéngkol: Cing ngala jéngkol lima pérékét mah. kokocok = kukumbah leungeun kujur = awak, badan lagondi = laban, ngaran tangkal nu kaina sok diaréng, daunna dipaké ubar. lalawora = gagabah, ceroboh layeut = sauyunan, tara pasé lebar = nyaah makayakeun = makayakeun, diwangun tina kecap pakaya (harta) jeung rarangkén gabung N-+-keun, hartina matéahkeun atawa ngokolakeun melid = males meuheuy = leubeut buahna mimitran = mimitraan, duduluran, sosobatan mindeng = sering moyan = cicing di nu panas kira-kita jam 8-an sangkan awak teu katirisan muncugug = nonjol ka luhur mupus = ngaberesihan nandangan = ngalaman ngahiliwir = diwangun tina kecap hiliwir dirarangkénan hareup di-, niup lalaunan (angin) ngarandeg = eureun ngémploh = dangdaunan anu gomplok ngingu = miara sasatoan ngukut = miara sasatoan nyoréndang = nyalindangkeun kantong kana taktak océs = bangor, teu daék cicing odoh = jorok, lodroh omat-omatan = wanti-wanti ompong = euweuh huntuan osok = sok, biasa pacilingan = pamiceunan, sarua gunana jeung toilét, tapi aya di balong. pamandangan = panénjoan, panorama panganggo = papakéan pangaweruh = kaweruh, kanyaho, pengetahuan (B. Ind) papanggé = golodog, babancik 80
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
pasapon pinanggih poék mongkléng rarat-rérét raresik réngsé rikat sabilulungan saged sasarap satengahing sauyunan sayaga silih asah silih asih silih asuh sirik pidik sobat dalit soméah soson-soson srangéngé suhud susuci tambarakan tapis tarapti tengi tigin tiis tingtrim tingkarelip tumuwuh tutuwuhan uluk salam
= pasapuan, diwangun tina kecap sapu jeung rarangken barung pa—an = diwangun tina kecap panggih dirarangkénan tengah –in-, papanggih = poék meredong, poék pisan teu katémbong curuk-curuk acan = nempo ka kénca ka katuhu ku juru panon = beresih, bérés sarta alus = anggeus = tangginas, cepet dina sagala rupa gerak = babarengan, sauyunan = siap-siap, sayaga = dahar isuk-isuk = tengah-tengah = babarengan = siap-siap = silih béré kanyaho atawa pangalaman = silih pikanyaah = silih aping, silih bimbing = dengki = babaturan deukeut = handap asor = enya-enya, daria, giat = panonpoé = getol, rajin = beberesih awak = sagala didahar = parigel, mahér = bérés, sagala sadia pikeun indit = hapeuk = tukuh, kukuh, pageuh = adem ayeum = tingcarélak, cahaya kucap-kiceup tina jarak anu jauh = diwangun tina kecap tuwuh dirarangkéna hareup di-, jadi. = diwangun tina kecap tuwuh ditambah Rdp+-an, sakur tangkal nu = ngucapkeun salam “assalamualaikum”
Glosarium
81
DAPTAR PUSTAKA
Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat. Hadi, Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat,Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat,Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung:Yrama Widya. Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya. Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi Jawa Barat. Wibisana, Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya. Bandung: SPs UPI.
82
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III
CATETAN .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... ................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .....................................................................................................................................
Glosarium
83
CATETAN .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... ................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... .................................................................................................................................... ..................................................................................................................................... 84
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas III